Ieu pangandika PANGERAN ka Mika, urang Moreset, waktu Yotam, Ahas jeung Hiskia patuturut jumeneng raja di nagri Yuda. PANGERAN maparinkeun ieu wahyu ka anjeunna, ngeunaan sagala perkara anu tumali jeung Samaria jeung Yerusalem.
Eh bangsa-bangsa kabeh, darengekeun! Raregepkeun ku sakabeh pangeusi bumi! PANGERAN Nu Maha Agung baris jadi saksi ngalawan maraneh. Regepkeun! Mantenna ngandika ti bait-Na di sawarga.
Ieu kabeh pasti kajadian, ku karana urang Israil geus migawe dosa jeung ngalawan ka Allah. Saha anu ngalantarankeun Israil jadi ngaralawan? Samaria, ibukotana sorangan! Saha nu ngalantarankeun nagri Yuda nyembah ka brahala? Yerusalem sorangan!
Eta sababna PANGERAN ngandika, ”Samaria ku Kami rek dijieun tumpukan barangkal di tegal, rek dijadikeun kebon anggur. Barangkalna rek diurug-urugkeun ka lebak, dasar-dasar pademenna sina nonggerak.
Brahala-brahalana anu marahal rek diremuk-remukkeun, barang-barang pangabakti palacur-palacur kuil-kuilna kabeh rek diduruk, kitu deui arca-arca sesembahanana rek sina nalambru. Samaria pantes dihukum kitu, lantaran ibadahna ka dewa kasuburan. Ayeuna eta sesembahan-sesembahanana teh bakal diakut ku musuh-musuhna, pikeun kuil-kuil palacuranana.”
Ieu kacilakaan urang poma ulah kabejakeun ka musuh urang di Gat. Maranehna ulah nyarahoeun urang ceurik. Eh urang Bet Le Apra, geura gugulingan dina kebul, nandakeun prihatin.
Eh urang Sapir, geura jugjug pangbuangan bari sataranjang nandang kaera. Urang Saanan teu waranieun kaluar ti kotana. Mun maraneh ngadenge urang Bet Esel aluk-alukan, eta nandakeun yen di ditu geus euweuh enggon nyalindung.
Eh urang Lakis, kareta-kareta perang maraneh geus pasangan kuda. Maraneh geus nurutan dosana urang Israil. Maneh nu jadi lantaran Yerusalem tigebrus kana dosa.
Eh urang Yuda, gundulan sirah maraneh, nandakeun kaleleban ku anak-anak kanyaah maraneh. Sing nepi ka barotak kawas manuk bangke, sabab anak-anak maraneh bakal digiring ka pangbuangan.