KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Ieu paneda Nabi Habakuk: |
| 2 |
| Nun PANGERAN, abdi parantos nguping sugri anu dipidamel ku Gusti. Hate abdi pinuh ku rasa hormat. Eta padamelan Gusti nu aragung, mugi pidamel deui jaman abdi-abdi ayeuna. Mugi Gusti mikawelas, sanaos upami keur bendu. |
| 3 |
| Allah tereh sumping deui ti Edom. Allah nu suci, tereh sumping ti pagunungan Paran. Kamulyaana-Na minuhan langit, sarta bumi pinuh ku pujian ka Mantenna. |
| 4 |
| Sumping-Na bareng jeung kilat ngagebray, panangana-Na ngaluarkeun cahaya, nya di dinya disumputkeun pangawasa-Na. |
| 5 |
| Di hareup Mantenna ngagiring panyakit, di tukang diiring ku maot. |
| 6 |
| Ana Mantenna ngarandeg, bumi ngariyeg. Bangsa-bangsa dipencrong, kabeh ngagebeg. Gunung-gunung nu aya ti jaman purba alambrug, pasir-pasir anu umurna mangabad-abad rarugrug, pasir-pasir anu baheula diambah ku Mantenna. |
| 7 |
| Abdi ningal urang Kusyan kasieunan, urang Midian ngadegdeg. |
| 8 |
| Nun PANGERAN, pangna bendu teh naha ku margi walungan-walungan? Pang Gusti wera teh naha ku margi lautan? Gusti nitihan mega sareng mega topan lir karetana, waktos sumping nyandak kaunggulan kangge umat Gusti. |
| 9 |
| Gusti ngawengkang gondewa, bade ngalepas jamparing. Kilat Gusti meulah bumi. |
| 10 |
| Barang gunung-gunung ningal ka Gusti, per ngadaregdeg, hujan bahe ti langit. Cai handapeun daratan ngaguruh, ombakna laluhur pagulung-gulung. |
| 11 |
| Waktos jamparing-jamparing Gusti tingbelesat sareng tumbak Gusti ngagurilap, panonpoe sareng bulan ngarandeg. |
| 12 |
| Sajeroning wera Gusti lungsur ngambah lemah, bangsa-bangsa ku Gusti dileyek. |
| 13 |
| Gusti majeng, bade nyalametkeun umat Gusti ngajait raja pilihan Gusti. Pamingpin para durjana ku Gusti dihajar ngajungkel, para panganutna seep ditumpes. |
| 14 |
| Jamparing-jamparing Gusti narancleb ka kapala pasukan musuh, anu keur nyebrut sapertos topan, niat ngubrak-ngabrik abdi-abdi, bangun atoh ku nu cilaka, sapertos kabiasaan jalmi-jalmi tukang ngagencet rerencepan. |
| 15 |
| Bari tunggang kuda Gusti ngucek-ngucek laut, cai laut nu hebat dugi ka ngabudah. |
| 16 |
| Ngareungeu eta kaula ngarasa ketir, biwir ngeleper lantaran sieun awak leuleus, di handap suku titatarajong. Bari ngahephep kaula ngadago waktuna PANGERAN bakal nerapkeun hukum ka nu narajang ka urang. |
| 17 |
| Najan kondang teu baruahan, tangkal anggur taya anggurna, najan panen jetun gagal, jeung di huma taya pelak gandum najan domba kabeh paraeh, kandang sapi kararosong, |
| 18 |
| kaula moal weleh suka jeung bungah, sabab aya PANGERAN Allah, jurusalamet kaula. |
| 19 |
| Ku PANGERAN Nu Maha Agung dipaparin kakuatan, dipaparin suku anu tangginas kawas uncal, aman ngambah pagunungan. |
|
| Simpen Catetan |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/habakkuk/003.mp3
3
3