KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| PANGERAN ngandika deui ka Musa jeung Harun hal aturan kieu: |
| 2 |
| Urang Israil kudu diatur masang pakemahanana. Unggal jelema kudu nurutkeun umbul-umbul pasukan jeung bandera kaomna masing-masing. Pakemahanana kudu dipasang sakurilingeun Kemah Tepangan. |
| 3 |
| Pakemahan pasukan umbul-umbul Yuda di beulah wetan, sapasukan-sapasukan katut kapalana masing-masing nya eta: [Kaom] — [Kapala] — [Jumlah Prajurit] Yuda — Nahson bin Aminadab — 74.600 urang Isaskar — Netanel bin Suar — 54.400 urang Sebulun — Eliab bin Helon — 57.400 urang — Jumlah — 186.400 urang Lamun maju, balad Yuda anu pangheulana. |
| 4 |
| 5 |
| 6 |
| 7 |
| 8 |
| 9 |
| 10 |
| Pakemahan pasukan umbul-umbul Rubin di beulah kidul, sapasukan-sapasukan katut kapalana masing-masing nya eta: [Kaom] — [Kapala] — [Jumlah Prajurit] Rubin — Elisur bin Sedeur — 46.500 urang Simeon — Selumiel bin Surisaday — 59.300 urang Gad — Elisap bin Rehuel — 45.650 urang — Jumlah — 151.450 urang Lamun maju, balad Rubin kudu kadua. |
| 11 |
| 12 |
| 13 |
| 14 |
| 15 |
| 16 |
| 17 |
| Ti dinya, antara pasukan balad kahiji jeung kadua, nya eta aleutan kaom Lewi anu ngagotong Kemah Tepangan. Unggal pasukan balad barisna kudu nurutkeun aturan pasukan anu diatur di pasanggrahan katut umbul-umbul masing-masing. |
| 18 |
| Pakemahan pasukan umbul-umbul Epraim di beulah kulon, sapasukan-sapasukan katut kapalana masing-masing nya eta: [Kaom] — [Kapala] — [Jumlah Prajurit] Epraim — Elisama bin Amihud — 40.500 urang Menase — Gamaliel bin Pedasur — 32.200 urang Binyamin — Abidan bin Gidoni — 35.400 urang — Jumlah — 108.100 urang Balad Epraim majuna katilu. |
| 19 |
| 20 |
| 21 |
| 22 |
| 23 |
| 24 |
| 25 |
| Pakemahan pasukan umbul-umbul Dan di beulah kaler, sapasukan-sapasukan katut kapalana masing-masing nya eta: [Kaom] — [Kapala] — [Jumlah Prajurit] Dan — Ahieser bin Amisaday — 62.700 urang Aser — Pegiel bin Okran — 41.500 urang Naptali — Ahira bin Enan — copy 3 53.400 urang — Jumlah — 157.600 urang Pasukan balad Dan majuna pangpandeurina. |
| 26 |
| 27 |
| 28 |
| 29 |
| 30 |
| 31 |
| 32 |
| Jumlah urang Israil anu asup kana daptar pasukan-pasukan nurutkeun rombonganana masing-masing aya 603.550 urang. |
| 33 |
| Kaom Lewi henteu diasupkeun ka dinya, sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa. |
| 34 |
| Sagala timbalan PANGERAN ka Musa ku urang Israil dijalankeun. Masanggrahanana, majuna, kabeh nurutkeun umbul-umbul masing-masing, sapasukanana-sapasukanana. |
|
| Simpen Catetan |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/numbers/002.mp3
36
2