Sabada maparin wejangan ka murid-murid anu dua welas, Yesus terus angkat ngantunkeun eta tempat, seja ngawulang jeung nguarkeun amanat Allah di kota-kota anu dareukeut ka dinya.
”Naha leres Juragan teh anu bade sumping numutkeun jangji Allah tea sakumaha disaurkeun ku Yohanes? Atanapi abdi-abdi kedah ngantosan keneh anu sanes?”
Nu lolong jadi bisa nenjo, nu lumpuh jadi bisa leumpang, nu lepra jadi setra, nu torek jadi bisa ngadenge, nu paeh dihirupkeun deui, nu mariskin diwawaran Injil Kasalametan ti Allah.
Sanggeus utusan-utusan Yohanes baralik, Yesus nyaurkeun Yohanes ka jalma rea, saurna, ”Basa aranjeun daratang ka Yohanes di gurun keusik teh rek naraon? Rek narenjo daun eurih anu tingarulang ku angin?
Sing percaya, di dunya ieu can aya anu leuwih agung ti batan Yohanes Jurubaptis. Tapi di Karajaan Sawarga mah anu panglaipna ge leuwih agung ti batan Yohanes.
Ari jelema-jelema jaman kiwari ku Kami bisa diupamakeun kawas naon? Kawas barudak anu keur dariuk di pasar. Nu sarombongan ngagero ka rombongan sejenna, pokna,
Anak Manusa datang, biasa sok dahar sok nginum, ceuk maraneh, ʼTenjo ieu jelema! Tukang nyatu, tukang nginum anggur, sobat tukang-tukang mulung pajeg jeung jelema-jelema doraka!ʼ Sanajan kitu, kawijaksanaan Allah mah katembong tina hasil-hasilna.”
Aya kota-kota anu jelemana teu daraek tobat, padahal di dinya Anjeunna pangseringna nembongkeun mujijat-mujijat. Eta kota-kota ku Anjeunna diseukseukan.
”Cilaka maneh Korasin! Cilaka maneh oge, Betsaida! Lamun heug mujijat-mujijat anu ditembongkeun ka maraneh teh ditembongkeunana ka urang Tirus jeung Sidon, tangtu geus lila deui maranehna mah bakal marake baju karung jeung ngawuran awakna ku lebu, nyirikeun tobat tina dosa-dosana.
Kitu deui maneh, Kapernaum! Baruk rek ngangkat maneh ka sawarga? Hamo bisa! Maneh bakal ditotogkeun ka naraka! Upama heug mujijat-mujijat anu ditembongkeun ka maneh baheula ditembongkeun ka urang Sadumu, eta nagara tangtu nepi ka ayeuna aya keneh!
Harita Yesus terus sasauran, ”Nun Ama, Gustina langit sareng bumi! Abdi ngahaturkeun nuhun, reh perkawis ieu ku Ama dirasiahkeun ka anu palinter sareng garaduh elmu, dupi ka anu teu garaduh katerang mah parantos ditembrakkeun.
Saur-Na deui, ”Sakabeh hal ku Rama Kami geus diserenkeun ka Kami. Taya nu nyaho ka Putra, ngan Rama anu uninga. Taya nu nyaho ka Rama salian ti Putra jeung jalma-jalma anu ku Putra kapilih diwawuhkeun ka Rama.