Jelema nu kumpul kacida lobana nepi ka Anjeunna pindah calikna kana parahu, tuluy nyarioskeun rupa-rupa misil, didarengekeun ti darat. ”Aya hiji jelema indit nebarkeun binih.
Anu ragragna kana taneuh anu riduh jeung lendo, jadina alus sarta baruahan, hasilna aya nu saratus kalieun, genep puluh kalieun jeung tilu puluh kalieun asalna.”
Sabab saha-saha anu geus bogaeun bakal ditambahan nepi ka leuwih ti cukup, sabalikna anu teu bogaeun mah malah kabogana ge kajeun ngan saeutik bakal dicokot.
Maranehna teh anu baheula diramalkeun kieu tea ku Yesaya: ʼEta jelema-jelema, ngadarengekeun mah teu weleh, tapi moal datang ka ngarti. Narenjokeun ge teu weleh, tapi moal datang ka narenjo.
Sabab uteukna geus mintul, geus nyocokan ceulina, meureum-meureumkeun panonna. Lamun teu karitu mah panonna tangtu narenjo, ceulina tangtu ngadarenge, uteukna tangtu ngalarti, tangtu bakal ngadareuheus ka Kami — timbalan Allah — geus tangtu ku Kami dicalageurkeun.ʼ
Sing percaya ka Bapa, loba nabi jeung jelema-jelema nu aribadah ka Allah anu kacida harayangeunana narenjo anu katarenjo ku maraneh, tapi teu bisa. Loba anu harayangeun ngadenge anu geus kadarenge ku maraneh, tapi teu bisa.”
Binih anu ragragan ka jalan, hartina: Amanat hal Karajaan Sawarga anu diwawarkeun ka jelema-jelema anu ngan semet ngadarengekeun, henteu malikiran. Amanat anu diwawarkeun ka maranehna teh dicabut ku Si Jahat.
tapi henteu tahan lila sabab henteu sakumaha nyerepna kana hate nu narima. Sanggeus ngarasa yen nyekel eta amanat teh jadi diteungteuinganan ku sasama hirup, tuluy bae murtad.
Binih anu ragragan kana rungkun cucuk hartina: Amanat teh ditarima, tapi kaelehkeun ku kasalempangan hirup jeung ku napsu hayang beunghar, henteu nepi ka buahan.
Binih anu ragragna meneran kana taneuh anu riduh jeung lendo, hartina: Amanat teh ku nu ngadengena ditarima jeung dihartikeun, seug ngabuahkeun, aya nu saratus kalieun, nu genep puluh kalieun, jeung nu tilu puluh kalieun.”
Keun bae sina jaradi bareng. Engke dina waktu ngala, kami rek nitah ka nu digarawe nyabutan heula eta eurih sina dibeungkeutan keur durukeun, gandumna sina dikumpulkeun asupkeuneun ka leuit.ʼ ”
Siki sasawi teh di antara sisikian mah panglembutna, tapi lamun geus jadi tangkalna teh panggedena ti sagala palawija, nepi ka dahan-dahanna bisa dipake nyayang ku manuk-manuk.”
Yesus nyarioskeun misil sejen deui: ”Karajaan Sawarga teh ibarat kieu. Aya hiji awewe nyokot ragi, tuluy diadukkeun kana tipung opat puluh liter, seug adonanana beukah.”
Pang midamel kitu teh ngalaksanakeun ucapan nabi baheula anu kieu: ”Kami nyarita ka maranehna arek ku misil-misil, nyaritakeun hal-hal anu buni ti sajlegna dunya dijadikeun.”
Sanggeus Yesus ngantunkeun jalma rea jeung geus aya di bumi, murid-murid-Na nyalampeurkeun naranyakeun ka Anjeunna, ”Dupi misil eurih di lahan gandum teh naon hartosna?”
Ari lahanna nya eta dunya ieu. Binih nu hade, nya eta jalma-jalma anu geus jaradi warga Karajaan Sawarga. Eurih, nya eta jelema-jelema anu aranut ka Iblis.
Anak Manusa bakal miwarang para malaikat-Na nyabutan sakur anu ngalantarankeun manusa jadi dosa, jeung sakur anu garoreng lampah, dicabutan ti Karajaana-Na,
”Jeung Karajaan Sawarga teh ibarat jelema anu nimu pependeman di hiji kebon, tuluy dirimbunan deui. Kacida atoheunana nepi ka tuluy ngajual sagala pangabogana dipake meuli eta kebon.”
Sanggeus jaringna pinuh ku lauk tuluy diangkat, nu ngalana ngariung milihan lauk. Lauk nu aralus diasup-asupkeun kana wadah, anu taya mangpaʼatna dipiceunan.
Saur Yesus, ”Tah kitu. Anu matak lamun unggal guru agama jadi warga Karajaan Sawarga, eta ibarat jelema anu ngabudalkeun barang sisimpenanana ti imahna, boh nu anyar boh nu heubeul.”
ngabujeng ka kota tempat asalna, tuluy ngawulang di imah ibadah. Urang dinya kacida hareraneunana. Tuluy carek maranehna, ”Ti mana meunang hikmat kitu eta jelema teh?
Ku sabab eta maranehna nolak ka Anjeunna. Saur Yesus ka maranehna, ”Nu jadi nabi mah di mana-mana ge diajenan, kajaba di lemburna jeung ku kulawargana sorangan.”