Pok bae Simon Petrus unjukan kieu, ”Gusti, ku raraos urang di dieu teh! Manawi karujukan abdi bade ngadamel tilu kemah, kangge Gusti, kangge Musa, sareng kangge Elias.”
Petrus keur unjukan keneh, bray aya mega ngagebray turun mayungan ka aranjeunna. Tina eta mega aya soara, ungelna, ”Tah ieu teh Putra Kami, kaasih Kami, anu kamanah ku Kami. Masing ngagugu ka Anjeunna!”
Tapi Kami ngabejaan, saenyana Elias teh geus sumping tapi taya nu wawuheun. Jelema-jelema ka anjeunna sakarep-karep pisan. Putra Manusa oge ku maranehna bakal dikitukeun.”
jeung unjukan kieu, ”Juragan, tulungan pun anak! Gaduh panyakit sawan, ngabahlakeun pisan kana awakna, margi sok sering tikusruk kana seuneu atanapi kacebur kana cai.
Saur Yesus, ”Pohara maraneh mah, nya saralah, nya teu baroga kapercayaan! Na Bapa teh kudu reureujeungan bae jeung maraneh? Kudu nepi ka mana Bapa nyabaran maraneh teh? Bawa budakna ka dieu!”
”Lantaranana mah maraneh kurang rasa kapercayaan,” waler Yesus. ”Sabab saenyana lamun maraneh boga rasa kapercayaan sagede siki sasawi bae, maraneh bisa marentah ka ieu gunung, ʼPindah ka ditu!ʼ tangtu ieu gunung pindah. Cindekna rek kumaha-kumaha ge maraneh tangtu bisa! [
”Puguh bae,” walon Petrus. Sanggeus Petrus aya di imah, ku Yesus dipiheulaan dipariksa, ”Simon, kumaha ari ceuk maneh, saha anu kudu mayar pajeg atawa upeti ka raja-raja di dunya? Rahayatna atawa urang asing?”
Tapi keun bae, urang ulah cekcok jeung maranehna. Ku sabab eta jung ka ditu nguseup ka talaga. Lauk anu nyanggut pangheulana sanggeus dipecatkeun calangapkeun, dina sungutna aya duit, cukup keur mayar pajeg ka Bait Allah keur pajeg sarerea. Bayar pajeg urang teh ku eta!”