Aya urang Parisi anu nyalampeurkeun ka Anjeunna rek ngadoja, nyual kieu, ”Ari Hukum Agama urang ngidinan lalaki nyerahkeun bojona ku lantaran naon bae?”
Nu matak Kaula ngabejaan: lalaki anu nyerahkeun pamajikan padahal pamajikanana henteu nyelewer, lamun kawin deui jeung awewe sejen, eta lalaki teh ngaranyed.”
Sababna jelema teu bisa kawin teh rupa-rupa, aya nu geus perbawa ti barang lahir, aya anu dilantarankeun ku pada jalma nepi ka teu bisa kawin, aya oge anu ku tekadna sorangan ngarah lugina kumawulana ka Allah. Anu bisa narima ieu pangajaran, pek lampahkeun kitu.”
Saur Yesus ka murid-murid, ”Ingkeun eta barudak teh sina ka Kami, ulah dipegatan. Sabab Karajaan Sawarga teh nya pikeun jelema-jelema anu hatena saperti hate ieu barudak.”
Dina hiji poe aya budak ngora datang ka Yesus. ”Pa Guru,” carekna, ”lampah kumaha anu sae, anu kedah dilakonan ku abdi supados tiasa kenging hirup langgeng?”
Waler-Na, ”Sing percaya, engke dina Jaman Anyar, sarta Putra Manusa geus linggih dina tahta kamulyaana-Na, maraneh oge, dua welas urang panganut Kami bakal ngadiukan tahta, marentah ka dua welas kaom Israil.
Jeung sing saha anu iklas najan kudu pisah ti imah, ti dulur lalaki, ti dulur awewe, atawa ti bapa, ti indung, ti anak, atawa ninggalkeun rajakaya lantaran leuwih beurat ka Kami, ganjaranana bakal saratus kalieun jeung diganjar hirup langgeng.