Waktu sareupna nu boga kebon teh ngomong ka mandor, ʼKumpulkeun kuli-kuli, bayar. Heulakeun anu datangna pangburitna, terus nepi ka anu asup digawena pangheulana.ʼ
”Darengekeun,” saur-Na, ”urang ayeuna rek ka Yerusalem. Di ditu Putra Manusa teh bakal diserenkeun ka imam-imam kapala jeung guru-guru ahli hukum agama Yahudi, bakal diterapan hukum pati.
”Rek menta naon?” Yesus mariksa. Jawab eta awewe, ”Upami Bapa engke parantos jumeneng Raja, ieu pun anak duaan mugi ditempatkeun di kiwaeun sareng tengeneun Bapa.”
Saur Yesus ka eta dua murid, ”Maraneh teu nyaho ka nu dipenta. Sanggup maraneh nginum eusi lumur anu rek diinum ku Kami, nya eta panganiayaan?” ”Sanggem,” jawabna.
”Memang maraneh ge bakal nginum eusi lumur Kami,” waler Yesus. ”Tapi Kami henteu wenang nangtukeun saha nu kudu diuk di kenca katuhueun Kami. Tempat eta mah pikeun jelema-jelema anu geus ditangtukeun ku Rama Kami.”
Ku Yesus dipiwarang kumpul tuluy diwawadian, ”Maraneh nyaho, bangsa anu teu nyaraho ka Allah mah nu jadi pamarentahna sakawenang-wenang, nu jaradi pamingpinna sakama-kama ka rahayatna teh.