sarta dilahiran kieu, ”Maraneh kudu ka kampung itu di hareup. Engke bakal manggih kalde keur dicangcang jeung anakna. Buka talina, bawa ka dieu duanana.
tuluy ngaleut di payuneun jeung di pungkureun Anjeunna. Nu di tukang tinggarero, ”Wilujeng Putra Daud! Mugia anu sumping kalawan pajenengan Pangeran dirahmat ku Allah! Puji Allah!”
Yesus lebet ka Bait Allah. Anu keur jual beuli di dinya diusiran. Meja-meja tukang nalukeuran duit jeung bangku-bangku tukang dagang japati dibalik-balikkeun.
Imam-imam kapala jeung guru-guru agama narenjo Anjeunna midamel kaahengan teh arambekeun, turug-turug barudak salusurakan di jero Bait Allah, ”Wilujeng Putra Daud!”
Tuluy maranehna negor ka Yesus, ”Kadenge ku Anjeun kecapna eta barudak?” ”Puguh bae,” waler-Na. ”Na aranjeun tacan maraca ayat Kitab Suci anu kieu: ʼBarudak sareng orok ku Gusti diajar ngucapkeun pamuji anu sampurna.ʼ ”
Di sisi jalan aya tangkal kondang tuluy dicaketan. Tapi teu aya buahna, daun wungkul. Ti dinya saur-Na ka eta tangkal, ”Maneh moal buahan-buahan deui!” Dadak sakala eta tangkal teh jadi garing.
Waler Yesus, ”Maraneh ge, asal percaya jeung henteu cangcaya, bisa nyieun kitu cara Kami bieu ka eta tangkal kondang. Malah leuwih ti kitu. Pek ieu gunung titah kieu, ʼGeura ngangkat, terus nyeburkeun maneh ka laut,ʼ tangtu bukti.
Yesus lebet deui ka Bait Allah. Sabot keur ngawulang, jol imam-imam kapala jeung para kokolot daratang ka dinya tuluy nanya, ”Naon hak Anjeun migawe kitu? Meunang hak kitu ti saha?”
Ari Yohanes kagungan hak ngabaptis ti saha? Ti Allah atawa ti manusa?” Maranehna jadi patanya-tanya pada batur, ”Kudu kumaha jawabna? Lamun dijawab, ʼTi Allah,ʼ tangtu ceuk Manehna, ʼKu naon aranjeun teu percaya ka Yohanes?ʼ
Tah, nu mana anu ngalampahkeun parentah bapana?” ”Nu kolot,” walon maranehna. Saur Yesus, ”Aranjeun bakal kapiheulaan asup ka Karajaan Sawarga ku tukang-tukang mulung pajeg jeung ku awewe tuna susila.
Sabab aranjeun heunteu palercaya ka Yohanes Jurubaptis anu nuduhkeun jalan bener. Sabalikna tukang-tukang mulung pajeg jeung awewe-awewe tuna susila mah percayaeun. Ari aranjeun sakitu geus nenjo hal eta, pikiran teu robah-robah, ka anjeunna teu palercaya.”
”Aya deui misil. Aya tuan tanah muka kebon anggur, sakurilingna dipager, nyieun bak pameresanana jeung munara jaga. Tuluy disewakeun sina digarap ku nu sejen, ari manehna terus nyaba.
Saur Yesus, ”Kumaha aranjeun geus maraca ayat Kitab Suci anu kieu? ʼBatu anu teu kapake ku tukang ngadegkeun, ngajadi batu anu pangutamana. Kitu dipidamelna ku Pangeran, endahna kabina-bina!ʼ ”
Saur Yesus deui, ”Ku sabab kitu Kaula ngabejaan, hak aranjeun kana Karajaan Sawarga bakal dicabut, dibikeun ka bangsa sejen anu daraekeun ngajalankeun pangersa Allah. [