Barang Yudas, si hianat, nyahoeun yen Yesus diragragan hukum pati, kacida kaduhungeunana, seug bae duit anu tilu puluh gebleg perak teh dibawa deui ka imam-imam kapala jeung para kokolot.
Laksana ucapan Nabi Yermia anu kieu, ”Duit tilu puluh gebleg perak, nya eta duit anu geus disaluyuan ku urang Israil pikeun meuli salira Anjeunna ku maranehna dicokot,
Sabot Pilatus calik di bale pangadilan, anjeunna nampa pesen ti garwana kieu, ”Ulah midamel kitu kieu ka eta jalmi nu teu aya salahna. Margi tadi wengi abdi teh kasiksa ku impian perkawis eta jelema.”
Kajudi ku Pilatus yen diteruskeun ge taya gunana, salah-salah rahayat teh nyieun karusuhan. Anjeunna nyandak cai ngumbah panangan di hareupeun jalma rea. Timbalanana, ”Kami teu tanggung jawab kana patina ieu jelema. Ku maraneh bae uruskeun!”
Serdadu-serdadu nyieun mamakutaan tina cucuk diterapkeun kana mastaka-Na, ari panangan tengen-Na sina nyepeng iteuk. Geus kitu eta serdadu-serdadu pura-pura sarujud ka Anjeunna. ”Daulat Raja urang Yahudi!” ceuk maranehna maroyokan,
Di tengah jalan, maranehna papanggih jeung hiji jelema urang Kirena ngaranna Simon. Eta jelema ku serdadu-serdadu dipaksa sina manggul kayu salib Yesus.
”Ka batur bisa nyalametkeun, ari ka diri sorangan teu bisa! Na enya Manehna teh raja urang Yahudi? Mun bisaeun turun tina salib-Na, kakara urang percaya!
Kapala pasukan jeung serdadu-serdadu jaga, narenjo lini kitu deui kajadian-kajadian sejenna, kacida sarieuneunana, sarta ngaromong kieu, ”Saestuna eta jelema teh Putra Allah!”
tuluy dimakamkeun di makam milik manehna, hiji guha cadas anyar beunang mobok. Lawang pajaratanana ditutup ku batu gede, sanggeus kitu Yusup tuluy balik.
Ku margi kitu mugi Juragan marentahkeun ngajaga kuburana-Na dugi ka dinten katiluna, bilih mayit-Na dipaling ku murid-murid-Na teras diuar-uar majar hirup deui. Bohong anu kadua mah langkung matak ngabahyakeun ti batan anu kahiji.”