Ungel mimiti eta warta sakumaha anu diserat ku Nabi Yesaya, kieu: ”Allah ngandika, ’Ieu utusan Kami ku Kami rek diutus heulaeun Hidep, sina nyadiakeun jalan pikeun Hidep.’
Nya bukti di gurun keusik aya nu muncul, ngabaptis jeung ngawulang, nya eta Yohanes. Piwulangna kieu, ”Geura tarobat, geura dibaptis, geus tangtu dosa maraneh dihampura ku Allah.”
Mangpirang-pirang jelema ti Yudea jeung ti kota Yerusalem daratang ngabarandungan piwulangna, terus ngaraku dosana, sarta tuluy ku anjeunna dibaptis di Walungan Yordan.
Anjeunna ngumumkeun kieu, ”Engke, pandeurieun kami bakal aya anu sumping tur leuwih agung batan kami. Pikeun dongko di payuneuna-Na ge, ngudaran tali tarumpah-Na, kami ngarasa teu layak.
Yesus angkat deui. Angkat can pati jauh ti dinya ningali deui dua jelema adi lanceuk, Yakobus jeung Yohanes anak Sebedeus, keur ngaromean heurap dina parahu.
Anu nyaraksian mani harookeun sarta tuluy ngaromong pada batur, ”Wah, naon ieu? Pangajaran anyar, kitu? Kawasa temen eta jelema teh, roh-roh jahat dititah kalaluar teh mani narurut kitu!”
Yesus terus nyageur-nyageurkeun anu garering loba pisan sarta panyakitna rupa-rupa. Roh-roh jahat anu nyurup ge ku Anjeunna diusiran, loba pisan. Eta roh-roh jahat ku Anjeunna teu diidinan ngaromong naon-naon, sabab geus nyarahoeun saha Anjeunna.
saur-Na, ”Kade ulah cacarita ka saha-saha perkara ieu, terus bae ka imam menta dipariksa awak, tuluy haturkeun kurban sakumaha anu diparentahkeun ku Musa, supaya tetela ka sarerea yen maneh geus cageur.”
Tapi eta jelema inditna teh terus cacarita ka ditu ka dieu teu eureun-eureun, nepi ka upama Yesus lebet ka kota moal iasa laluasa. Ku sabab eta Anjeunna di luar kota bae anu sarepi. Tapi jelema-jelema teu burung murubul ti mana-mana.