Yesus jeung murid-murid geus dareukeut ka Yerusalem, geus aya di Betpage jeung Betania di Gunung Jetun. Ti dinya Yesus miwarang dua murid sina ti heula,
sarta dilahiran kieu, ”Maraneh kudu ka kampung itu di hareup. Sasupna ka ditu engke manggih anak kalde keur dicangcang, ngora keneh pisan tacan kungsi aya nu numpakan. Buka cangcangna, bawa ka dieu.
Yesus lebet ka kota Yerusalem, terus lebet ka Bait Allah, ningalian sakurilingna. Tapi ku sabab harita geus burit, Anjeunna terus ngabujeng ka Betania jeung murid-murid-Na nu dua welas tea.
Ti kajauhan anjeunna ningali hiji tangkal kondang, daunna gomplok, tuluy dicaketan rek ditingalian sugan aya buahna. Tapi barang ditingalian teh ngan daun bae wungkul, sabab can usumna buahan.
Sanggeus sumping ka Yerusalem Yesus lebet ka Bait Allah, tuluy ngusiran anu keur jarual beuli di dinya. Meja-meja tukang nalukeurkeun duit jeung bangku-bangku tukang ngajual japati dibalik-balikkeun,
Ti dinya saur-Na ka jalma rea, ”Geus ditulis dina Kitab Suci, kieu dawuhan Allah, ’Bait Kami bakal disarebut tempat paragi sembahyangna sagala bangsa.’ Tapi ari ku maraneh dijieun sayang begal!”
Ucapan Anjeunna kadarengeeun ku imam-imam kapala jeung guru-guru agama. Maranehna tuluy nareangan jalan supaya bisa maehan Yesus. Maranehna rarisieun ku Anjeunna, sabab rahayat kabeh katarik ku pangajarana-Na.
Kami ngabejaan: Saha bae ge bisa nitah ka ieu pasir sina ngajungjung terus ngunclungkeun maneh ka laut, tangtu kajadian. Tapi ulah cangcaya, kudu percaya enya-enya dina hate yen omonganana bakal kajadian.
Ku sabab eta Kami ngabejaan, lamun maraneh neneda jeung aya anu dipenta, kudu percaya yen pamenta maraneh saenyana geus dikabul, menta naon ge tangtu dibere.
Jeung lamun maraneh sembahyang, tapi boga kateungeunah ka batur, hampura heula eta batur teh, supaya kasalahan maraneh oge dihampura ku Rama nu di sawarga. [
Maranehna jadi patanya-tanya jeung pada batur, ”Kudu kumaha jawabna? Lamun dijawab ’Ti Allah’, tangtu ceuk manehna, ’Ku naon atuh aranjeun teu percaya ka Yohanes?’
Lamun dijawab ’Ti manusa’, matak susah ka urang.” (Maranehna sarieuneun ku rahayat ari ngajawab ’Ti manusa’ mah, sabab rahayat mah nganggapna ka Yohanes teh nabi.)