Isuk-isuk keneh pisan imam-imam kapala gura-giru ngayakeun tepungan jeung para kokolot, guru-guru agama, jeung sakumna anggota Mahkamah, badami. Geus kitu Yesus dirante, tuluy dibawa, diserenkeun ka Pilatus.
Ku sabab Pilatus hayang nyenangkeun hate jalma rea, tuluy ngaleupaskeun Barabas. Ari Yesus sanggeus dirangket tuluy diserenkeun ka maranehna sina disalib.
Di tengah jalan serdadu-serdadu teh maksa hiji jelema sina manggul salib Yesus. Eta jelema kakara datang ti desa rek ka kota. (Ngaranna Simon, urang Kirena, bapana Aleksander jeung Rupus.)
Jelema-jelema anu laliwat ka dinya garogodeg tuluy ngahina ka Anjeunna, ”Wah, anu rek ngaruag Bait Allah jeung rek ngadegkeunana deui di jero tilu poe!
Imam-imam kapala jeung guru-guru agama oge maroyok ka Anjeunna, pokna ka pada batur, ”Ka batur sok nyalametkeun, ari nyalametkeun diri-Na sorangan teu bisa.
Hayang nenjo turunna tina salib eta anu ngaku Kristus jeung raja Israil teh, hayang percaya kana omongana-Na!” Dua penjahat anu bareng disalib jeung Anjeunna oge milu ngahina kawas kitu.
Aya saurang terus lumpat nyelupkeun sepon kana anggur haseum, tuluy ditiir disodorkeun kana lambey Yesus bari ngomong, ”Keun urang dagoan, urang tenjo Elias lungsur nurunkeun Manehna tina salib!”
Waktu Yesus keur di Galilea, maranehna sok ngingiring ka Anjeunna jeung ngalalayanan. Wanita-wanita anu milu daratang jeung Yesus ka Yerusalem oge loba anu araya di dinya.
Wanci geus sareupna, Yusup urang Arimatea anggota Mahkamah Agama anu kapandang jeung ngarep-ngarep ngadegna Karajaan Allah, sumping ka dinya. Poe eta teh poe Panyadiaan (sapoe memeh poe Sabat). Ku sabab eta kalawan teteg manah Yusup ngadeuheus ka Pilatus mundut layon Yesus.
Geus kitu Yusup ngagaleuh lawon lenen lemes. Layon diturunkeun, rap dibungkus ku eta lawon, terus diasupkeun ka jero liang pajaratan anu ditebok tina gunung batu. Geus kitu Yusup ngagulingkeun hiji batu gede dipake nutup lawang pajaratan.