Rebuan jelema karumpul deui pasesedek nepi ka silih tincak. Sabot kitu Yesus ngalahir ka murid-murid, ”Sing waspada kana ragi urang Parisi, nya eta kana kamunapekanana.
Jadi naon bae anu ku maraneh diomongkeun di nu poek, bakal kadenge saterang-terangna, jeung naon bae anu ku maraneh diharewoskeun rurusiahan di kamar anu nutup, geus tangtu bakal diuar-uar.”
Kami rek nuduhkeun ka maraneh, saha anu kudu dipikasieun. Nu kudu dipikasieun mah Allah. Allah mah kajaba ti iasaeun maehan teh wenang ngalungkeun ka naraka. Sakali deui, Mantenna anu kudu dipikasieun teh!
Lamun maraneh dibawa ka imah-imah ibadah rek diperkarakeun ka para gegeden atawa para pangereh, ulah sieun teu bisa ngabela diri atawa bingung piomongeun.
Ti jelema loba aya anu mihatur kieu ka Yesus, ”Pa Guru, mugi pangmepelingankeun pun dulur supados daekeun maparin bagian harta titinggal pun bapa ka abdi.”
Sasaurana-Na diteruskeun ka sarerea, ”Kahade maraneh ulah nepi ka boga sipat sarakah dina hal naon bae; sabab hirup jalma teh saenyana lain gumantung kana hartana, masih sakumaha beungharna oge.”
Euh bener,ʼ carekna ngomong sorangan, ʼgudang-gudang anu aya rek diruag, rek nyieun anu leuwih galede jang nyimpen gandum jeung sagala harta banda aing.
Geus kitu aing rek ngomong ka diri sorangan: He jelema bagja! Tah bekel hirup teh sakitu haradena, tur mahi keur sababaraha tauneun. Pek geura reureuh, dahar, nginum, nyenangkeun diri!ʼ
Tapi Allah ngadawuh ka manehna, ʼEh, nu burung! Peuting ieu nyawa maneh rek dipundut. Ku saha engke dipimilikna eta dunyabrana beunang ngumpulkeun pikeun sorangan teh?ʼ ”
Tenjo manuk gagak, tara pepelakan tara ngumpulkeun parab, teu ngabogaan gudang atawa leuit, ku Allah teu kendat diparaban! Maraneh leuwih hargaan ti batan manuk!
Tenjo kembang bakung kumaha jadina. Tara digawe atawa nyieun papakean. Tapi sanajan kitu ceuk Kami, Raja Suleman anu sakitu beungharna oge panganggona eleh alus ku eta kembang.
Malah jukut, anu poe ieu aya poe isuk geus beak diduruk, ku Allah didangdanan alus pisan. Atuh komo maraneh mah moal datang ka teu dipakeanan ku Mantenna. Ipis pisan maraneh mah kapercayaan ka Allah teh!
Jualan bae babandaan mah kabeh, duitna sidekahkeun ka nu mariskin. Tuluy kudu boga pepeten anu awet, paranti nyimpen harta anu aya di sawarga. Eta harta moal aya sudana, moal bisa aya nu maling, jeung moal dihakan ku rinyuh.
”Sing caringcing pikeun nyanghareupan sagala hal, sing saged barangpake pikeun digawe, jeung lampu kudu terus hurung, lir upama gandek nu keur nungguan dunungan mulang ti nu hajat kawinan. Sangkan ari dunungan datang keketrok, bisa buru-buru dipangmukakeun panto.
Untung gandek-gandek anu ku dununganana kasampak nyararing jeung caringcing ngadago mulangna. Sing percaya: Dununganana bakal singkil jeung nitah supaya maranehna dariuk tuluy dilaladenan.
Waler Gusti, ”Cik gandek nu disebut gandek satia jeung bijaksana teh nu kumaha? Tangtu ku dununganana baris dipercaya ngurus rumah tanggana jeung ngurus dahar gandek-gandek lianna saban-saban geus waktuna.
Sabalikna, lamun eta gandek ngan dahar jeung nginum nepi ka mabok, tur bengis ka sasama nu bubujang jeung lalanjang dumeh pangrasana dununganana nyabana bakal lila,
Ari gandek anu teu ngarti mah kana karep dununganana, sanajan nepi ka kudu dirangket oge dirangketna moal sabaraha. Anu loba narimana, loba deui nu dipenta ti dirina; beuki gede narimana, beuki gede nu dipenta ti dirina.”
Bapa pabentar jeung anak lalaki, anak lalaki pabentar jeung bapa; indung pabentar jeung anak awewe, anak awewe pabentar jeung indung; mitoha awewe pabentar jeung minantu awewe, minantu awewe pabentar jeung mitoha awewe.”
Eh maraneh jelema pura-pura! Maraneh barisa neguh poe bakal hujan bakal panas ku nenjo bumi jeung langit, ku naon ari kana galagat jaman ayeuna maraneh teu ngahartikeun?”
Sapertina bae, lamun maraneh boga salah, diadukeun ka pangadilan. Meungpeung can ka pangadilan, coba sabisa-bisa lawan teh akuran, malak mandar aya hampurana mupus kasalahan maraneh. Sabab lamun henteu kitu tangtu jadi disered ka hakim, ku hakim diserenkeun ka pulisi tuluy digebluskeun ka jero panjara.