Kumaha ari jelema-jelema anu dalapan welas urang, anu tariwas lantaran katinggang munara rubuh di Siloam? Rek dikira nandakeun dosa maranehna leuwih gede ti batan dosa-dosa urang Yerusalem lianna?
Geus kitu Yesus nyarioskeun ieu misil, ”Aya hiji jelema, boga hiji tangkal kondang di kebon anggurna, tuluy diilikan sugan aya buahna, tapi teu manggih.
Tuluy ngomong ka tukang kebonna, ʼTenjo, geus tilu usum ieu tangkal kondang ku kami diilikan buahna, teu manggih hiji-hiji acan. Tuar! Ngan nyeuseupan taneuh bae.ʼ
Di dinya aya hiji awewe anu gering ngareunggeuy geus dalapan welas taun lantaran diranjingan ku roh jahat; awakna mani bengkung teu bisa lempeng saeutik-eutik acan.
Nenjo Yesus nyageurkeun dina poe Sabat, kapala imah ibadah teh ambekeun tuluy ngomong ka nu loba, pokna, ”Aya genep poe pikeun digawe teh. Rek marenta dicageurkeun mah kudu dina poe-poe eta, ulah dina poe Sabat!”
Ku Gusti diwaler, ”Anjeun munapek! Geuning dina poe Sabat oge jelema-jelema sok ngalaleupaskeun cangcangan sapina atawa kaldena ti jero kandang, tuluy digiring rek diinuman.
Nu boga eta imah hudang nulakan eta panto. Ana maraneh ka dinya jeung keketrok ti luar bari ngalengis, ʼJuragan, pangmukakeun!ʼ bakal diwaler kieu, ʼKami teu nyaho maneh anu ti mana!ʼ
Maraneh tinggal tinggarerung nepi ka tikekereket, narenjo Ibrahim, Ishak, Yakub, jeung nabi-nabi geus araya di jero Karajaan Allah, ari maraneh diusir teu meunang arasup.
Geus kitu harita aya sawatara urang Parisi anu ngaromong kieu ka Yesus, ”Anjeun kudu geuwat kaluar ti daerah ieu ka mana bae, sabab rek dipaehan ku Herodes.”
Waler Yesus, ”Bejakeun ka eta ajag, ʼKaula poe ieu jeung isukan masih keneh ngusir roh-roh jahat jeung nyageur-nyageurkeun nu garering, sarta dina poe nu katilu Kaula rek ngarengsekeun pagawean.ʼ
Yerusalem, Yerusalem! Maneh geus maehan nabi-nabi, maledogan utusan-utusan Allah ka maneh ku batu! Sering pisan Kami nyileuk hayang ngarangkul rahayat maneh cara hayam nyirekeman anak-anakna ku jangjangna, tapi maneh embung!
Ku sabab kitu Bait Allah anu maneh bakal pada naringgalkeun. Inget, maneh moal nenjo-nenjo Kami deui, nepi ka datang mangsana maneh ngucapkeun kieu, ʼMugia diberkahan ku Allah anu sumping kalawan pajenengan Pangeran.ʼ ”