KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Yesus ngalahir ka murid-murid-Na, ”Hal-hal anu ngalantarankeun jelema-jelema jadi dosa teh tangtu aya bae. Tapi jelemana anu ngalantarankeun batur jadi dosa bakal cilaka kabina-bina. |
| 2 |
| Leuwih hade beuheungna dibangbaluhan ku batu tuluy alungkeun ka laut, ti batan matak nyasarkeun ka salah saurang ti ieu kaom anu lemah. |
| 3 |
| Ku sabab kitu maraneh sing ati-ati kana pilampaheun! Lamun aya dulur migawe dosa kudu dielingan, lamun tobat kudu dihampura. |
| 4 |
| Upama ngadosana ka maraneh tujuh kali dina sapoe, sarta saban tas kitu terus datang nyebutkeun, ʼKuring menta hampura,ʼ kudu dihampura.” |
| 5 |
| Rasul-rasul mihatur ka Yesus, ”Gusti, kiatkeun kapercayaan abdi-abdi.” |
| 6 |
| Waler Gusti, ”Lamun maraneh boga kapercayaan sagede siki sasawi bae, maraneh bisa nitah ieu tangkal bebesaran, ʼGeura nyabut maneh katut akar, tuluy melak maneh di laut!ʼ tangtu eta parentah diturut.” |
| 7 |
| ”Upama maraneh boga badega anu keur ngawuluku di sawah atawa keur ngangon domba. Sanggeus datang ti tegal, naha rek disina buru-buru dahar? |
| 8 |
| Tangtu moal! Malah diparentah deui, ʼSadiakeun dahareun kami! Salin heula terus tungguan kami dahar nginum, kakara maneh meunang dahar!ʼ |
| 9 |
| Badega mah teu kudu dinuhunkeun pedah nurut kana parentah, lain? |
| 10 |
| Maraneh oge, ari ngalakonan parentah teh kudu ngarumasakeun kieu, ʼKuring mah badega biasa, digawe teh ngalakonan kawajiban.ʼ ” |
| 11 |
| Yesus angkatna ka Yerusalem teh mapay tapel wates Samaria jeung Galilea. |
| 12 |
| Barang lebet ka hiji kampung kapapag ku sapuluh jelema lepra. Eta jelema-jelema ngararandeg ti kajauhan, tuluy sasambat, |
| 13 |
| ”Nun Yesus! Juragan! Sing hawatos ka abdi-abdi!” |
| 14 |
| Yesus ningali ka maranehna, tuluy ngawaler, ”Ka ditu ka imam-imam, menta dipariksa awak.” Sabot maranehna di jalan keneh leprana geus calageur. |
| 15 |
| Anu saurang, nyaho geus cageur teh balik deui jeung muji ka Allah tarik pisan, |
| 16 |
| terus nyuuh ka Yesus jeung ngahaturkeun nuhun. Eta jelema teh urang Samaria. |
| 17 |
| Saur Yesus, ”Mana nu salapan urang deui? Lain sapuluh urang anu calageur teh? |
| 18 |
| Naha ngan ieu saurang, urang asing, anu ka dieu deui jeung muji ka Allah?” |
| 19 |
| Geus kitu ngalahir ka eta jelema, ”Geura cengkat. Jig geura balik. Maneh geus cageur, lantaran percaya.” |
| 20 |
| Sawatara urang Parisi nanyakeun ka Yesus hal Karajaan Allah iraha baris ngadegna. Waler Yesus, ”Ngadegna Karajaan Allah lain hal anu bisa katenjo. |
| 21 |
| Moal aya anu bisa nuduhkeun, ʼDi dieu!ʼ, atawa, ʼTuh di ditu!ʼ, sabab ngadegna teh di jero diri masing-masing.” |
| 22 |
| Saur-Na deui ka murid-murid, ”Engke maraneh aya waktuna harayang bisa nenjo salah sahiji poe tina poe-poe Putra Manusa, tapi moal bisa. |
| 23 |
| Engke jelema-jelema bakal ngaromong ka maraneh, ʼTuh di ditu!ʼ atawa, ʼIeu di dieu!ʼ Kade, ulah digugu, ulah kaluar pikeun neangan. |
| 24 |
| Sabab kaayaan Putra Manusa teh lamun geus nitih kana poena mah lir sakumaha kilat ngaburinyay ti tungtung langit ka tungtung langit. |
| 25 |
| Ngan dina samemehna, Anjeunna kudu sangsara heula, tur ditampik ku jelema-jelema jaman kiwari. |
| 26 |
| Poe dinyatakeunana Putra Manusa teh kaayaanana kawas kaayaan jaman Enoh. |
| 27 |
| Jelema-jelema harita gawena ngan dahar, nginum, kawin, nepi ka poean Enoh asup kana kapal; caah datang, jelema-jelema kabeh dibasmi. |
| 28 |
| Jeung kawas kaayaan dina jaman Elut: Jelema-jelema gawena ngan dahar, nginum, jual beuli, pepelakan, jeung nyarieun imah. |
| 29 |
| Tapi sanggeus Elut kaluar ti Sadumu, tuluy turun hujan seuneu jeung walirang ti langit, ngabasmi urang Sadumu. |
| 30 |
| Nya kawas kitu engke jadina dina poean dinyatakeunana Putra Manusa teh. |
| 31 |
| Dina poe eta, jelema anu keur aya di suhunan imah, ulah turun nyokotan heula babandaan ka jero imah; nya kitu keneh anu keur aya di tegal ulah balik heula ka imah. |
| 32 |
| Sing inget, kumaha jadina pamajikan Elut! |
| 33 |
| Sing saha anu nyoba nyalametkeun hirupna, hirupna bakal leungit; tapi sing saha anu kaleungitan hirupna bakal dirahayukeun. |
| 34 |
| Sing percaya, dina peuting eta dua jelema anu keur sare saranjang, nu saurang bakal dicokot, nu saurang ditinggalkeun. |
| 35 |
| Dua awewe nu keur ngagiling gandum, saurang bakal dicokot, saurang ditinggalkeun. [ |
| 36 |
| Dua jelema nu keur digarawe di kebon, nu saurang bakal dicandak, nu saurang deui ditinggalkeun.]” |
| 37 |
| Murid-murid nararos ka Anjeunna, ”Di mana bakal kajadian kitu teh, Gusti?” Waler Yesus, ”Di mana aya bangke, di dinya kumpulna manuk bangke.” |
|
| Simpen Catetan |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/luke/017.mp3
24
17