Yesus tuluy naek kana hiji parahu, bogana Simon, bari mundut supaya parahuna diwelah rada ka tengah. Gek Anjeunna linggih dina eta parahu seug ngawulang ka jalma rea.
Ceuk Simon, ”Parantos sawewengi abdi-abdi ngala lauk teh, Juragan! Nanging henteu kekengingan. Ayeuna ku margi Juragan miwarang, mangga jaring bade dipasang.”
Nya kitu deui babaturan Simon, anak Sebedeus, nya eta Yakobus jeung Yohanes. Saur Yesus ka Simon, ”Ulah sieun; ti semet ayeuna maneh bakal ngala jelema.”
Hiji mangsa Yesus aya di hiji kota. Di dinya aya hiji jelema, awakna ruksak ku lepra. Barang breh nenjo Yesus brek mendek tuluy ngalengis, ”Gusti, upami Gusti kersa, Gusti tangtos iasa nyageurkeun kasakit abdi!”
Eta jalma ku Yesus dilahiran, ”Ulah bebeja ka saha-saha, terus bae ka imam menta dipastikeun yen maneh geus cageur. Tuluy haturkeun kurban sakumaha anu diparentahkeun ku Musa.”
Dina hiji poe waktu Yesus keur ngawulang, aya sawatara urang Parisi jeung guru-guru agama daratang ti kota-kota, ti Galilea, ti Yudea, jeung ti Yerusalem, marilu dariuk. Yesus kenging kawasa ti Pangeran pikeun nyageurkeun anu keuna ku kasakit.
Tapi teu barisaeun norobos lantaran jelema kacida lobana. Tungtungna nu lumpuh teh dibawa naek ka luhur hateup, hateupna dibuka nyieun liang, nu geringna tuluy diulur jeung bale-balena ka handap, meneran ka tengah-tengah riungan payuneun Yesus.
Guru-guru agama jeung urang Parisi mimiti ngaromong dina hatena, ”Saha ieu jelema teh bet ngahina ka Allah? Ngan Allah anu kawasa ngahampura dosa mah!”
Tapi ayeuna ku Kaula rek dibuktikeun yen Putra Manusa teh di ieu dunya kawasa ngahampura dosa.” Ti dinya Anjeunna ngalahir ka nu lumpuh tea, saur-Na, ”Geura hudang, bale-balena angkat, jung geura balik!”
Sawatara urang Parisi jeung guru-guru agama ti golonganana ngaweweleh ka murid-murid Yesus, pokna, ”Ku naon maraneh bet daraek dahar bareng jeung tukang-tukang mulung pajeg jeung jelema-jelema anu teu paruguh?”
Aya anu naranya ka Yesus, ”Murid-murid Yohanes sering puasa sareng sembahyang, nya kitu keneh murid-muridna urang Parisi. Dupi murid-murid Ajengan mah dahar nginum sabiasa.”
Geus kitu Yesus maparin misil kieu ka maranehna, ”Moal aya anu nambal baju heubeul ku lawon tina baju anyar, sabab kudu nyoehkeun baju anyarna, padahal tambalan tina lawon baju anyar teh moal matak hade kana bajuna anu geus heubeul, samalah bakal mawa soeh deui anu heubeul.
Jeung moal aya anu ngeusikeun anggur peresan anyar kana kantong kulit anu heubeul, sabab tangtu matak bedah eta kantong, anggurna kapiceun, kantongna ruksak.
Jeung moal aya anu hayang nginum anggur peresan anyar sanggeus nginum anu geus lila, lantaran: ʼAnggur anu geus lila mah leuwih ngeunah,ʼ kitu saurna.”