Yesus rujuk tuluy angkat sareng. Barang geus rek tepi ka imah anu dijugjug, Anjeunna dipapag ku sobat-sobat eta perwira, anu ngahaja diutus mawa piunjuk kieu, ”Juragan teu kedah repot-repot ka rorompok.
Abdi teh bawahan perwira anu langkung luhur, mung gaduh serdadu-serdadu bawahan. Upami marentah ka hiji serdadu, ʼIndit!ʼ teras eta teh indit; upami marentah ka nu hiji deui, ʼKa dieu!ʼ tangtos eta teh nyampeurkeun. Upami marentah ka gandek, ʼIeu pigawe!ʼ tangtos dipigawe.”
Ngadangu kitu teh Yesus heran anu aya. Anjeunna nyoreang ka nu ngariring tuluy sasauran, ”Kakara Kami mah manggih anu boga kayakinan nepi ka kieu, di Israil ge tacan manggih!”
Barang sumping ka gapura kota, aya aleutan anu rek ngurebkeun. Anu maotna budak lalaki, anak tunggal hiji randa. Loba urang dinya anu ngalanteurkeun maturan manehna.
Yohanes tuluy nyaur muridna duaan terus diutus ka Gusti Yesus, mawa pihatur kieu, ”Naha leres Juragan teh anu bakal sumping tea sakumaha anu disaurkeun ku Yohanes? Atanapi abdi-abdi kedah ngantos keneh anu sanes?”
Sanggeus daratang tuluy mihatur ka Yesus, ”Abdi dipiwarang ku Yohanes Jurubaptis naroskeun ka Juragan, naha leres Juragan teh anu bakal sumping tea sakumaha pisaurna, atanapi abdi-abdi kedah ngantos keneh nu sanes?”
Anjeunna ngawaler ka eta utusan, saur-Na, ”Jig ka Yohanes deui, caritakeun ka anjeunna sakur anu ku maraneh kadenge jeung katenjo di dieu: Nu lolong jadi bisa nenjo, nu lumpuh jadi bisa leumpang, nu lepra jadi setra, nu torek jadi bisa ngadenge, anu paeh dihirupkeun deui, nu mariskin diwawaran Injil Kasalametan.
Sanggeus utusan Yohanes marulang, Yesus nyaurkeun Yohanes ka jalma rea, saur-Na, ”Basa maraneh daratang ka Yohanes di gurun keusik teh rek naon? Rek narenjo eurih anu tingarulang ku angin?
Sing percaya,” saur-Na deui, ”di dunya ieu can aya anu leuwih agung ti batan Yohanes. Tapi di Karajaan Sawarga mah anu panglaipna ge leuwih agung ti batan Yohanes.”
Jalma-jalma kabeh ngabarandungan kana kasauran Yesus, lantaran maranehna teh, pangpangna tukang-tukang mulung pajeg, geus narurut kana pamundut Allah supaya balener, jeung geus daraekeun dibaptis ku Yohanes.
Kawas barudak anu keur dariuk di pasar. Nu sarombongan ngagero ka rombongan sejenna, pokna, ʼKami maen musik paranti kawinan, maraneh teu ngarigel! Kami mangnyanyikeun lagu kapapatenan, maraneh teu careurik!ʼ
Anak Manusa datang, biasa sok dahar sok nginum, ceuk maraneh, ʼTenjo ieu jelema! Tukang nyatu, tukang nginum anggur, sobat tukang-tukang mulung pajeg jeung jelema-jelema doraka!ʼ
Di kota eta aya hiji awewe anu hirupna pinuh ku dosa. Barang meunang beja yen Yesus keur tuang di eta imah urang Parisi, seug ka dinya bari mawa minyak seungit sabotol,
terus nangtung pungkureun Yesus deukeut sampeana-Na. Segruk ceurik, cipanonna nyurucud kana sampean Yesus nepi ka baseuh. Sampeana-Na ku manehna diseka ku buukna nepi ka tuhur, tuluy dicium jeung dikucuran ku minyak seungit.
Nenjo kitu eta urang Parisi teh ngomong dina hatena, ”Mun enya ieu jelema teh nabi tangtu nyahoeun, awewe kumaha eta anu nyabakana-Na teh; tangtu nyahoeun yen eta teh awewe loba dosa!”
Anjeunna nyoreang ka eta awewe terus ngalahir ka Simon, ”Katingali ieu awewe? Kaula nyemah ka anjeun nepi ka teu ngumbah suku, sabab teu disadiaan cai. Ku ieu awewe suku Kaula dikumbah ku cipanonna, disekaan ku buukna.
Ieu awewe nu matak bangun sakitu nyaaheunana ka Kaula teh bawaning ku tumarima lantaran dosa-dosana anu sakitu lobana geus dihampura. Lamun anu dosana teu pira mah dihampura teh bakal mikanyaahna oge moal sabaraha.”