Di Betania aya dua awewe padudulur, ngaranna Maria jeung Marta. Maria teh anu ngucuran sampean Yesus ku minyak seungit jeung nyekaanana ku buukna. Dulur Maria jeung Marta anu lalaki ngaran Lasarus keur gering.
Diwartosan kitu Yesus ngalahir, ”Panyakit Lasarus moal matak maot, malah matak jadi kamulyaan ka Allah, jeung bakal ngalantarankeun Putra Allah diagungkeun.”
Maria curinghak, tuluy lumpat rek manggihan Yesus; panyana anu keur malaturanana mah rek ngadon ceurik ka kuburan, tuluy ditaluturkeun. Ari Yesus calik keneh di tempat tadi basa dideuheusan ku Marta, can lebet ka jero desa.
Kurunyung, Lasarus nu geus maot teh kaluar, suku jeung leungeunna kabungkus keneh ku boeh, beungeutna kabulen ku cindung. Saur Yesus, ”Bukaan; sina bisaeun leumpang.”
Urang Parisi jeung imam-imam kapala ngayakeun rapat jeung Mahkamah Agama. ”Kudu kumaha urang teh?” aromongna. ”Eta jelema terus bae ngayakeun kaajaiban!
Lamun terus diantep, jelema-jelema tangtu biluk kabeh palercaya ka Manehna. Tungtungna engke bangsa urang digempur ku pamarentah Rum, Bait Allah tangtu ancur!”
Saenyana Kayapas ngomongna kitu teh lain tina pikiranana sorangan. Eta ucapan anjeunna anu jadi Imam Agung taun eta, mangrupa hiji piwejang, ngaramalkeun yen Yesus bakal pupus ditelasan pikeun ngagentos bangsa Yahudi;
Ku sabab kitu Yesus tara nembongan deui di Yudea, malah terus angkat ka kota Epraim anu pernahna deukeut ka gurun keusik, tuluy calik di dinya jeung murid-murid-Na.
Pesta Paska urang Yahudi geus deukeut. Urang desa geus loba anu daratang, naranjak ka Yerusalem arek ngalakonan upacara meresihan diri samemeh Pesta Paska ngamimitian.
Maranehna nareangan Yesus, sarta barang geus ngumpul di Bait Allah maranehna silih tanya, pokna, ”Kumaha ari ceuk andika? Rek sumping atawa moal Anjeunna teh kana pesta?”
Pangna tingtaranya kitu lantaran geus diparentah ku imam-imam kapala jeung urang Parisi, sing saha anu nyaho Yesus aya di mana, kudu terus lapor, supaya Yesus bisa ditangkep.