Juragan Teopilus, Dina kitab nu kahiji, sugri anu dipidamel sareng diwulangkeun ku Yesus, ku sim kuring parantos diseratkeun sadayana, ti ngawitan Anjeunna barangdamel
dugi ka Anjeunna dicandak ka sawarga. Memeh ka sawarga Anjeunna maparin pituduh-pituduh ku Roh Suci, ka jalmi-jalmi anu ku Anjeunna diangkat jadi rasul-rasul-Na.
Saparantosna gugah tina pupus, salami opat puluh dinten Anjeunna sering nembongan ka rasul-rasul-Na, dugi ka teu matak hamham yen Anjeunna estu hirup deui, kataringal sareng sasauran ka aranjeunna perkawis Karajaan Allah.
Dina hiji dinten Anjeunna ngalahir kieu ka sadaya rasul, ”Maraneh ulah waka aringkah ti Yerusalem, dago heula anu geus dijangjikeun ku Rama, sakumaha nu geus dicaritakeun ku Kami tea.
Tapi maraneh, lamun Roh Suci geus sumping bakal narampa kawasa, pikeun jaradi saksi-saksi Kami di Yerusalem, di sakuliah Yudea, di Samaria, nepi ka tungtung bumi.”
”Keur naraon narangtung di dieu taranggah ka langit, urang Galilea? Yesus anu dicandak ka sawarga teh engke bakal sumping deui cara kitu, sakumaha anu bieu katarenjo ku maraneh keur munggahna ka sawarga.”
terus lalebet ka kamar di loteng tempat aranjeunna numpang. Aranjeunna nya eta: Petrus, Yohanes, Yakobus jeung Andreas, Pilipus jeung Tomas, Bartolomeus jeung Mateus, Yakobus putra Alpeus, Simon Patriot, jeung Yudas putra Yakobus.
Rasul-rasul sering samiuk kumpul neneda. Salian ti aranjeunna aya oge wanita-wanita anu ngariring neneda, oge Mariam ibu Yesus, jeung saderek-saderek Yesus.
”Para saderek! Anu diserat dina Kitab Suci perkawis pangandika Roh Suci, anu diucapkeun ku Daud ngeunaan hal Yudas anu mingpin nangkep Yesus, memang parantos kedahna laksana.
Urang Yerusalem kabeh nyarahoeun kana eta kajadian, anu matak eta lahan ku maranehna dingaranan ku basa maranehna: Akeldama, anu hartina ”Lahan Getih”.)
”Margi,” saur Petrus deui, ”hal eta kaungel dina Kitab Jabur kieu, ʼMugia imahna sing suwung, sing ulah aya nu ngeusian.ʼ Sareng kieu, ʼJabatanana sing diganti ku nu sejen.ʼ
Ku margi kitu, urang butuh saurang deui keur gentosna, anu kedah jadi saksi perkawis gugahna deui Gusti Yesus tina pupusna. Jalmina kedah anu parantos ngahiji sareng urang salami Gusti Yesus angkat-angkatan ka mana-mana sareng urang, ti semet Yohanes ngawulangkeun baptisan dugi ka Yesus dicandak ka sawarga.”
Seug diunjukkeun dina paneda, ”Nun Gusti anu uninga kana eusi sanubari jalmi-jalmi! Mugi maparin terang anu mana ti antawis ieu pun dulur duaan anu kamanah ku Gusti,
Geus kitu eta dua ngaran calon teh dilotre, ari elotna keuna ka Matias. Tuluy anjeunna diangkat jadi rasul pikeun nambahan bilangan rasul anu ngan kari sawelas urang tea.