Walonna, ”Abdi-abdi piwarangan Kornelius. Anjeunna jalmi berbudi anu ngabakti ka Allah, sareng kalintang dihormatna ku sadaya urang Yahudi. Anjeunna kenging timbalan malaikat Allah kedah ngahaturanan Juragan ka bumina, supados tiasa ngadangukeun pilahir Juragan.”
Saur Petrus ka maranehna, ”Aranjeun tangtos aruninga, urang Yahudi ku agamana dilarang natamu atanapi cacampuran sareng bangsa sanes. Tapi Bapa kenging pituduh ti Allah yen teu kenging nganggap najis atanapi haram ka sasama jalmi.
Walon Kornelius, ”Tilu dinten nu nembe kalangkung kinten-kinten wayah kieu, tabuh tilu sonten, abdi nuju sembahyang di rorompok. Jleg aya anu ngadeg di payuneun, panganggona herang-mencrang,
Geura nitahan jelema ka Yopa, angkir jelema anu ngaran lengkepna Simon Petrus, anu keur natamu di tukang nyamak kulit ngaran Simon, imahna di sisi laut.ʼ
Harita keneh oge enggal abdi ngajurungan. Hatur nuhun kana kasaean Bapa parantos kersa sumping. Ieu anu karempel di payuneun Allah, sadayana ngajeng-ngajeng pisan hoyong ngupingkeun timbalan Allah ti Bapa.”
Aranjeun tangtos parantos aruninga kana embaran ti Allah anu diembarkeun ka urang Israil, nya eta Injil Kasalametan anu nengtremkeun jiwa sakur anu anut ka Yesus Kristus, Gusti sakumna manusa.
Sareng tangtos aruninga perkawis Yesus urang Nasaret anu ku Allah dipaparin Roh Suci sareng dipaparin kakawasaan. Anjeunna nyebarkeun kasaean ka mana-mana, sareng nyageurkeun jalmi-jalmi anu diraksuk ku Iblis, margi Anjeunna disarengan ku Allah.
Sagala perkawis anu ku Anjeunna dipidamel di tanah Israil sareng di Yerusalem, Bapa sareng babaturan saksina. Anjeunna ditelasan ku urang Yahudi, dipaku dina kayu salib.
Nanging diebrehkeunana henteu ka sadayana, mung ka sawatara urang anu ku Allah parantos dipilih baris jadi saksi, nya eta Bapa sareng babaturan, anu kantos dahar nginum sareng Anjeunna saparantos Anjeunna gugah tina pupus.
Bapa sareng babaturan ku Anjeunna dipiwarang ngembarkeun Injil Kasalametan sareng mertelakeun yen Anjeunna teh ku Allah parantos dijenengkeun hakim sakumna manusa, boh anu harirup keneh boh anu parantos maraot.
Petrus miwarang supaya maranehna dibaptis kalawan pajenengan Yesus Kristus. Geus kitu Petrus ku maranehna dicandet supaya linggih heula di dinya sawatara poe.