”Kaula meunang tetenjoan di Yopa sabot keur sembahyang. Aya anu diturunkeun ti langit siga lawon rubak ditalian opat juruna, diulur nepi ka deukeut kaula.
Kaula didawuhan ku Roh Suci yen kudu milu jeung maranehna, ulah asa-asa. Kaula milu indit, dibaturan ku urang Yopa genepan anu geus palercaya. Datang ka Kesarea tuluy sarerea asup ka imah Kornelius.
Kornelius nyarita yen meunang tetenjoan, aya malaikat ngadeg di imahna, ngalahir kieu, ʼManeh geura ngajurungan jelema ka Yopa, angkir jelema anu ngaran lengkepna Simon Petrus,
Tetela Allah ku manten anu maparinkeun eta kurnia ka maranehna teh, cara ka urang bareto basa urang mimiti percaya ka Gusti Yesus Kristus. Ku sabab kitu pimanaeun kaula bisa nyegah pangersa Allah!”
Sanggeus meunang katerangan kitu, anu nyaralahkeun ka anjeunna teh tungtungna mah maruji ka Allah, pokna, ”Leres upami kitu mah, sanes bangsa Yahudi ge ku Allah dipaparin kasempetan tobat sareng hirup anu sajati.”
Para panganut Yesus anu diudag-udag basa Stepanus dipaehan tea, papencarna aya anu nepi ka Penesia, Siprus, jeung Antioki. Di ditu tetep nguarkeun pangandika Allah ka urang Yahudi deui.
Barnabas kacida bingaheunana ningali maranehanana sakitu diberkahanana ku Gusti. Maranehna ku anjeunna dipeupeujeuhan supaya enya-enya satia satuhu ka Gusti.
Saulus dicandak ka Antioki, kumpul jeung jamaah di dinya sataun campleng lilana bari ngawulang ka jalma rea. Jalma-jalma panganut Yesus mimitina disarebut ”Urang Kristen” teh nya didinya, di Antioki.
Nabi anu jenenganana Agabus ngaramal ku pangdorong Roh Allah, saurna bakal aya bahla kalaparan di sakuliah dunya. (Ramalanana teh enya ngabukti, kajadian dina jaman pamarentahan Prabu Klaudius.)