Sanggeus ditangkep Petrus diasupkeun ka pangbuian, dipiwarang dijaga ku opat regu serdadu, sareguna opat-opat. Maksad Herodes, sabada Pesta Paska Petrus rek dipariksa ku anjeunna di hareupeun umum.
Piisukaneun dipariksa ku Herodes di hareupeun umum, peutingna Petrus kulemna dihapit ku dua serdadu jeung dibarogod ku dua rante. Panto panjarana dijaraga.
Ujug-ujug jleg bae aya malaikat Pangeran ngadeg, kamar anjeunna ditahan mani hibar ku cahayana. Eta malaikat ngaguyah-guyah ngagugahkeun Petrus, saurna, ”Geuwat hudang!” Harita keneh rante barogod panangan Petrus lesot.
Pos jaga kahiji jeung kadua geus kaliwat, jol ka panto beusi lawang kaluar. Bray pantona muka sorangan, Petrus jeung malaikat kaluar. Sanggeus nepi ka tungtung jalan les malaikat teh ngantunkeun.
Petrus teu samar deui kana eta kajadian, terus ngagereyem, ”Ayeuna aing yakin ieu teh saenyana. Gusti ngutus malaikat-Na nyalametkeun aing tina genggeman Herodes jeung tina maksud jahatna urang Yahudi.”
Manehna ujug-ujug wawuheun kana soanten Petrus. Bakating ku atoh lain buru-buru muka panto, tapi kalah ka lumpat balik deui hariweusweus yen anu keketrok teh Petrus.
Ku Petrus diisarahan supaya jarempe, ti dinya anjeunna nerangkeun hal anjeunna dikaluarkeun ku Gusti ti jero panjara. ”Pangbejakeun bae ka Yakobus jeung ka nu sejen,” saurna ka maranehna. Geus kitu angkat ti dinya ka tempat sejen.
Herodes nimbalan supaya Petrus disaksrak, tapi lebeng teu kapanggih. Ku sabab kitu serdadu-serdadu jaga teh ku anjeunna dipariksa terus diparaehan. Geus kitu Herodes angkat ti Yudea, ngadon calik di Kesarea rada lila.
Herodes kacida benduna ka urang Tirus jeung urang Sidon. Ku sabab kitu maranehna ngadareuheus ka anjeunna, tapi ngabadamian heula kawasa karaton anu ngaranna Blastus, menta dibelaan. Geus kitu kakara ngadareuheus ka Herodes, marenta karapihan, sabab bahan dahareun nagrina gumantung ka nagri cangkingan Herodes.