Di jamaah Antioki aya sababaraha nabi jeung guru, nya eta: Barnabas, Simeon (anu katelah si Hideung), Lukius (ti Kirena), Menahem (anu digedekeunana bareng jeung Raja Herodes), jeung Saulus.
Hiji mangsa waktu aranjeunna keur ngalakonan ibadah ka Gusti jeung paruasa, Roh Suci nimbalan, ”Kami menta Barnabas jeung Saulus, pikeun ngajalankeun pagawean ti Kami pribadi.”
anu nyobat jeung Sergius Paulus jalma pinter, gupernur eta pulo. Eta gupernur ngahaturan sumping ka Barnabas jeung Saulus, hoyongeun ngadangu pangandika Allah.
Ayeuna rasakeun ieu panangan Gusti! Maneh bakal lolong, sababaraha lilana moal nenjo-nenjo panonpoe.” Sapada harita keneh reup Elimas ngarasa poek, panonna katutup ku pepedut hideung, tuluy uyup-ayap neangan nu pinungtuneun.
Paulus jeung rerencanganana anu duaan balayar ti Pafos ka Perga, hiji kota di Pampilia, ti dinya papisah jeung Yohanes Markus anu terus mulang ka Yerusalem.
Sabada aosan tina Kitab Musa jeung tina Kitab Nabi-nabi, pangurus-pangurus imah ibadah ngahaturanan ka aranjeunna, pokna, ”Bilih para Saderek bade maparin amanat atanapi pangdeudeul sumanget, mangga dihaturanan ka payun.”
Jung Paulus ngadeg, tuluy maparin isarah ku panangan, barabat sasauran: ”Dulur-dulur urang Israil katut anu sanes-sanesna anu karempel di dieu ngalakonan ibadah ka Allah! Darangukeun!
Allahna bangsa Israil parantos milih karuhun urang. Karuhun urang nalika ngumbara di Mesir ku Mantenna dijadikeun hiji bangsa gede. Ti dinya ku Allah maranehna dicandak kaluar ti Mesir.
Saul ku Allah dikeser, Daud dijadikeun raja gegentosna. Kieu timbalan Allah perkawis Daud, ʼKami uninga, Daud anak Isai teh jelema pikapanujueun, anu bakal ngalakonan sagala pangersa Kami.ʼ
Saparantos tugasna meh rengse, Yohanes ngalahir kieu ka maranehna, ʼSaha ari kaula, ceuk aranjeun? Kaula lain anu keur diarep-arep ku aranjeun. Anjeunna mah sumpingna engke sanggeus kaula. Ka Anjeunna kaula teu wani mangudarankeun tarumpah-tarumpah-Na acan.ʼ
Margi urang Yerusalem mah katut para pamingpinna teu tarerangeun yen nya Anjeunna Jurusalamet maranehna. Unggal Sabat maranehna maraca seratan nabi-nabi, tapi eusina teu kahalartieun. Yesus ku maranehna dihukum, cocog sareng anu disaurkeun ku nabi-nabi.
Sanggeus sagala niat jahat maranehna ka Anjeunna tinekanan sakumaha anu kaungel dina Kitab Suci, layon Anjeunna diturunkeun tina tihang salib, digolerkeun di jero kuburan.
Saparantos gugah, di lebet sababaraha dinten sering nembongan ka jalmi-jalmi anu tadina ngingiring Anjeunna ti Galilea ka Yerusalem, anu ayeuna jaradi saksi perkawis Anjeunna ka urang Israil.
Ayeuna sim kuring seja ngadongkapkeun ka aranjeun Injil Kasalametan, nya eta: Perkawis anu baheula dijangjikeun ku Allah ka karuhun urang teh ayeuna laksana, ka urang anu jadi turunanana, reh Allah parantos ngahirupkeun deui Yesus, sakumaha anu parantos kaungel dina Jabur anu kadua, kieu, ʼHidep Putra Ama; ayeuna Ama geus jadi Rama Hidep.ʼ
Perkawis Yesus gugah ti nu maraot dugi ka salira-Na henteu kungsi buruk di jero kuburan, kieu pangandika Allah: ʼHidep ku Ama bakal diberkahan, ku berkah suci tur pasti sakumaha jangji Ama ka Daud.ʼ
Ku margi kitu mugia aruninga, perkawis panghampura dosa anu diwawarkeun ka aranjeun teh jalanna ti Yesus. Sakur anu percaya ka Anjeunna bakal dileupaskeun tina dosa-dosa, anu moal bisa dileungitkeun ku Hukum Musa.
ʼAti-ati maraneh, tukang ngahina! Maraneh bakal ngarenjag tuluy paraeh! Kiwari Kami keur ngalaksanakeun hiji perkara, anu sanajan dipertelakeun ge ku maraneh moal dipercaya!ʼ ”
Bubar kumpulan, Paulus jeung Barnabas ditaluturkeun ku urang Yahudi jeung ku nu sejen nu arasup agama Yahudi. Maranehna ku aranjeunna dinasehatan supaya hirupna tetep aya dina rahmat Allah.
Tapi Paulus jeung Barnabas malah tambah wani, saurna, ”Saenyana pangandika Allah teh wajib ditepikeun ka aranjeun heula. Tapi ku lantaran aranjeun embung narima, jadi aranjeun sorangan anu nangtukeun yen aranjeun mah teu layak narima hirup anu langgeng. Ku sabab kitu aranjeun mah rek ditinggalkeun bae, kaula rek nyanghareup ka bangsa sejen.
Karana Pangeran geus marentah ka kaula, timbalana-Na: ʼManeh ku Kami geus dijadikeun cahaya pikeun nyaangan bangsa sejen anu lain Yahudi, supaya salamet manusa saalam dunya.ʼ ”
Ngadarenge kasauran kitu jelema-jelema nu lain bangsa Yahudi kacida barungaheunana, tuluy maruji kana pangandika Allah. Eta sakur anu ku Allah geus ditangtukeun kana hirup langgeng teh jaradi jelema anu palercaya.
Tapi jelema-jelema urang Yahudi tea ngangsonan ka para gegeden kota jeung ka wanita-wanita priyayi anu aribadah ka Allah, jeung mimiti nyarusahkeun ka Paulus jeung Barnabas, sarta tungtungna aranjeunna diusir ti wewengkon maranehna.