Paulus geus biasa, di mana aya tempat ibadah tangtu lebet. Di dinya oge kitu, ngayakeun tukeur pikiran jeung nu di darinya noron nepi ka tilu poe Sabat, ngutip
ayat-ayat Kitab Suci, terus diterangkeun bukti-buktina anu netelakeun yen Kristus Jurusalamet teh geus mistina nandang panganiayaan, kitu deui geus mistina kudu tanghi ti nu maraot. Saurna deui, ”Anu disebut ʼJurusalametʼ teh nya eta Yesus, anu ayeuna ku sim kuring diwartakeun ka aranjeun.”
Aya sababaraha urang anu ngarasa yakin kana pilahir anjeunna, seug palercaya jeung ngahiji ka Paulus jeung Silas. Urang Yunani anu aribadah oge loba anu datang ka palercaya, kitu deui wanita-wanitana ti kalangan luhur.
Tapi urang Yahudi darengki, tuluy ngumpulkeun jalma-jalma galandangan ti jalan-jalan, sanggeus meunang loba tuluy nyieun rusuh di sakuliah kota. Imah Yason ditarajang neangan Paulus jeung Silas, rek disered ka jalma rea.
Ku sabab nu diteanganana teu aya, Yason jeung sababaraha jelema anu palercaya digalusur ka nu wajib di kota. Nu nyarieun rusuh teh tinggorowok, ”Aya jelema-jelema tukang ngarusuhkeun di mana-mana! Ayeuna geus daratang ka urang,
Urang Yahudi di dinya leuwih balageur, lain cara anu di Tesalonika. Warta hal Yesus kacida dibarandunganana. Unggal poe ngarulik Kitab Suci, pikeun nitenan bener henteuna pangajaran Paulus teh.
Urang Yahudi di Tesalonika, barang nyarahoeun yen di Berea oge Paulus nyiarkeun pangandika Allah, tuluy daratang ngangsonan urang Berea sina nyieun huru-hara.
Paulus dijajapkeun nepi ka Atena, ti dinya nu ngalanteurkeunana baralik deui ka Berea, mawa pesen ti Paulus supaya Silas jeung Timoteus buru-buru nyarusul.
Ku sabab kitu, urang Yahudi jeung jalma-jalma anu nyarembah ka Allah ku anjeunna diajak tukeur pikiran di tempat ibadahna. Di pasar mah unggal poe, ngayakeun paguneman jeung saha bae anu kasondongna.
Malah aya ahli-ahli pikir ti golongan Epikuros jeung Stoa anu sual jawab jeung anjeunna. Ceuk nu sawareh ka baturna, ”Eta tukang ngomong teh rek ngomongkeun naon?” ”Meureun rek ngenalkeun dewa-dewa bangsa sejen,” tembal baturna, dumeh Paulus nyarioskeun hal Yesus jeung hal pihudangeunana anu maraot.
Ari urang Atena, kitu deui bangsa-bangsa sejen anu ngamukim di dinya, karesepna meakkeun waktu dipake ngomongkeun atawa euweuh deui kalakuanana ngan nyaturkeun atawa ngadengekeun perkara-perkara anyar.)
Waktos kaula udar-ider di kota ngalanglang tempat-tempat ibadah, ningal hiji altar make tulisan kieu, ʼIEU PIKEUN ALLAH NU TACAN KANYAHOANʼ. Tah, Allah anu tacan kanyahoan ku aranjeun tapi parantos diparunjung teh, ayeuna ku kaula rek diuarkeun ka aranjeun.
Mantenna teh nya eta Allah anu parantos ngajadikeun alam dunya sareng eusina, nu jadi Gustina langit jeung bumi, anu linggihna sanes di jero gedong buatan manusa.
Manusa nu asalna hiji, ku pangersa Mantenna geus nepi ka minuhan ieu bumi, bari ti samemehna ku Mantenna parantos ditangtoskeun pililaeun jaman-jamanna sareng tempat-tempat pangcicinganana.
Maksad Mantenna supaya manusa teh nareangan ka Mantenna, malakmandar sing datang ka kapanggih sarta karasa aya-Na. Margi Allah teh sayaktosna henteu jauh ti diri urang masing-masing.
Geuning aya catur kieu, ʼUrang hirup, usik, jeung gumelar teh ku Mantenna.ʼ Saur sawareh bujangga bangsa aranjeun oge, ʼUrang oge putra-putra Mantenna.ʼ
Margi Allah parantos nangtoskeun poe pikeun ngahukum saalam dunya kalawan adilna. Demi nu bakal jadi hakimna hiji manusa anu dipilih ku Mantenna. Hal ieu ku Mantenna parantos diyakinkeun ka unggal jelema, ku jalan nanghikeun eta manusa ti nu maraot!”
Barang ngadarenge hal pihudangeunana anu maraot, jalma-jalma teh nu sawareh moyok, nu sawareh deui ngaromong kieu, ”Hal ieu engke carioskeun sakali deui, kaula resep keneh.”
Tapi aya oge anu palercayaeun, mihak ka Paulus; nu saurang ngaranna Dionisius, anggota dewan. Nu saurang deui awewe, ngaranna Damaris, jeung jalma-jalma salian eta.