Nepi ka palebah pulo Siprus anu tembong di beulah kenca, kapal mengkol nuju ka Siria. Di Tirus kapal balabuh, tuluy tarurun, sabab kapal rek bongkar muatan.
Sanggeus tarurun tuluy ngalayad ka dulur-dulur sakapercayaan, ngadon nganjrek saminggu. Dulur-dulur teh nganasehatan tina pituduh Roh Suci, supaya Paulus ulah waka angkat ka Yerusalem.
Sanggeus tujuh poe bral deui neruskeun perjalanan, dialanteurkeun ku sarerea jeung anak bojona masing-masing nepi ka luar kota. Di basisir sarerea tarapak deku sarembahyang.
sumping mendakan. Nabi teh terus nyandak beulitan Paulus dianggo ngaringkus anjeun, panangan jeung sampeanana bari tuluy ngalahir kieu, ”Saur Roh Suci, nu kagungan ieu beulitan bakal dibarogod cara kieu ku urang Yahudi di Yerusalem, saterusna diserenkeun ka bangsa sejen.”
Tapi anjeunna ngawaler, ”Kumaha ari dulur-dulur, anggur careurik matak seber kana hate kaula? Kaula mah ulah mun dibarogod, demi Gusti Yesus sanajan nepi ka dipaehan oge di Yerusalem suka lilah.”
Anu ngabarandunganana kabeh maruji sukur ka Allah. Geus kitu saur aranjeunna, ”Saderek Paulus! Mugi kauninga, parantos mangrebu-rebu urang Yahudi anu parantos sakapercayaan sareng urang, nanging sararegep keneh kana Hukum Musa.
Maranehna parantos kenging wartos, yen urang Yahudi anu marukim di antawis bangsa sanes ku Saderek dipiwarang naringgalkeun Hukum Musa, teu kedah nyarunatan anak-anakna, sareng teu kenging nganggo adat kabiasaan urang Yahudi.
Saderek kedah ngiring susuci sareng maranehna. Paparin waragad keur ongkos maranehna dicalukur. Pang diatur kieu teh supados tembong ka urang dieu, yen perkawis Saderek anu kawartoskeun ka maranehanana teh teu leres, margi kataringaleun yen saderek oge ngalakonan parentah Hukum Musa.
Dupi bangsa sanes anu parantos sakapercayaan sareng urang mah parantos diseratan ti dieu, yen kedah pantrang kana kadaharan urut sasajen ka brahala, teu kenging ngadahar getih atanapi sato anu paeh bangkar, sareng teu kenging jinah.”
Poe isukna Paulus bareng susuci jeung nu opatan tea. Sabada eta anjeunna terus lebet ka Bait Allah, mopoyankeun iraha pitutupeunana poe susuci pikeun nyaranggakeun kurban.
Tapi sanggeus poe susuci rek tamat tujuh poe, Paulus katarenjoeun di jero Bait Allah ku urang Yahudi anu daratang ti wewengkon Asia. Maranehna ngahucuhkeun nu sejen bari nyerek ka Paulus,
tuluy tinggarero, ”Urang Israil, ka darieu barantuan! Ieu yeuh jelema anu di mana-mana ngangsonan batur teh, sina ngamusuh ka urang Israil, kana Hukum Musa, jeung ka Bait Allah! Ayeuna oge ngasupkeun bangsa asing ka ieu gedong, nganajiskeun ieu tempat suci!” (
Kota jadi geunjleung, jelema-jelema lalumpatan kabeh muru ka Paulus. Anjeunna dicerek, tuluy disered ka luar ti jero Bait Allah, panto-pantona gancang dipeundeut-peundeutkeun.
Panglima gancang mepek balad jeung sawatara perwira, tuluy muru ka tempat karusuhan. Narenjo komandan pasukan datang mawa balad, jelema-jelema teh areureun mahalana ka Paulus.
Jalma-jalma narembalanana tingjarerit itu kitu, ieu kieu. Ku sabab teu paruguh, panglima teu meunang katerangan anu bener, nu matak tuluy marentah supaya Paulus dibawa ka jero benteng.