Dulur-dulur! Ku sabab Allah sakitu murah asih-Na ka urang, sim kuring menta ka aranjeun supaya ngabaktikeun diri ka Mantenna, jadikeun kurban hirup-hirup; kumawula ka Mantenna bae supaya sukaeun manah-Na. Kudu kitu ibadah teh, kakara bener.
Ulah miluan adat kabiasaan ieu dunya. Batin teh sina dianyarkeun ku Mantenna, supaya pikiran aranjeun barobah anyar sama sakali. Ari geus kitu mah tangtu bakal terang kana pangersa Allah, mana nu hade, nu sampurna, nu matak bisa nyukakeun manah-Na.
Sim kuring anu geus ngarasakeun murah asih-Na, hayang mere pepeling ka aranjeun: Ulah boga rasa diri leuwih ti kaayaan anu sabenerna. Ngukur diri kudu reujeung rendah hate, luyu jeung gedena iman paparin ti Allah.
Rahmat kabisa anu katampa ku urang masing-masing rupa-rupa, digunakeunana kudu cocog jeung maksad Allah anu maparinkeunana. Rahmat kana bisa ngawawarkeun warta ti Allah, gunakeun kana ngawawarkeun eta warta, luyu jeung getering iman.
rahmat kana bisa ngagedekeun hate batur, gunakeun kana ngagedean hate batur. Saha bae, lamun mere kudu reujeung balabahna, nungtun kudu reujeung enya-enya, mere kahadean kudu reujeung senang hate.
Poma dulur-dulur, ulah hayang ngabales, eta mah wewenang Allah. Ceuk Kitab Suci oge, ”Kami anu pimaleseunana, Kami anu bakal ngahukumna, kitu pilahir Pangeran.”
Malah hadena mah, sakumaha ceuk Kitab Suci, ”Lamun musuh lapareun bere dahar, lamun hanaangeun bere nginum; ku dikitukeun teh manehanana moal teu ngarasa asa renghek bawaning ku eraeun.”