ngarinumna kabeh sarua, inuman rohani anu bijil tina batu karang rohani, anu ngabarengan maranehna sapanjang jalan. Eta batu karang rohani teh Kristus ku anjeun.
Tapi sanajan kitu, kalolobaanana mah maranehna teh ngalantarankeun Allah teu senang manah-Na. Balukarna maranehna tinggolepak maraot, mayit-mayitna balatak bacacar di gurun keusik.
ulah nyarembah brahala kawas sabagian maranehanana. Kitab Suci nyebutkeun, ”Eta jelema-jelema dariuk dahar nginum, tuluy marotah marabok inuman jeung igel-igelan.”
Unggal cocoba anu kasorang ku aranjeun kabeh oge jamak kaalaman ku sarerea. Tapi Allah anu tigin kana jangji-Na, moal ngantep aranjeun meunang cocoba leuwih tina kakuatan. Satiap aranjeun meunang cocoba, ku Mantenna dipaparin kakuatan jeung jalan kaluarna.
Waktu urang nginum anggur tina lumur dina Jamuan Gusti anu ku urang disukurkeun ka Allah, eta ciri urang kaserepan ku getih Kristus. Roti anu ku urang dipecah-pecah didahar dina eta Jamuan, ciri diri urang ngahiji jeung salira Kristus.
Lain kitu! Maksud eta ucapan kieu: Kurban anu disuguhkeun dina altar umat brahala lain dihaturkeun ka Allah, tapi disuguhkeun ka roh-roh jahat. Sim kuring nyarek aranjeun ngahiji jeung roh jahat.
Sabab lamun aranjeun nginum tina lumur pikeun roh jahat, teu meunang nginum tina lumur Gusti; lamun aranjeun ngadahar susuguh pikeun roh jahat, teu meunang ngadahar Jamuan Gusti.
”Urang mah kumaha ge meunang,” kitu ceuk nu ngaromong. Eta enya. Tapi henteu kabeh anu dimeunangkeun teh hade. ”Kumaha ge meunang” — henteu kabeh anu dimeunangkeun bisa nulung.
Upama diondang dahar ku anu henteu saagama sarta aranjeun nedunan pangondangna, naon susuguhna dahar ulah asa-asa, ulah nanyakeun naon-naon, teu kudu curiga.
lain kayakinan sorangan, tapi kayakinan jelema nu ngabejaan. ”Wah,” kitu meureun ceuk salah saurang, ”kuring bebas, naha make kudu kahalangan ku kayakinan batur?
Kitu sim kuring mah, hayang ulah ngaraheutan hate batur, dina sagala rupa hal sok ngaraskeun ka nu sejen, tara hayang senang sorangan, lantaran hayang nyalametkeun maranehanana.