Sanajan upama sim kuring bisa ngajar make rupa-rupa basa manusa, atawa malah bisa make basa malaikat, ari teu nyaah ka batur mah pangajaran sim kuring teh teu beda ti sora goong atawa genta, harus tapi taya hartina.
Sanajan upama sim kuring boga kamampuh bisa ngawejang, sugih ku pangarti, telik ngarti ka nu gaib-gaib, boga iman anu teguh nepi ka bisa mindahkeun gunung, ari teu nyaah ka batur mah sim kuring teh teu aya hartina naon-naon.
Sanajan upama sim kuring nyidekahkeun sagala pangaboga ka nu mariskin, malah sanajan nepi ka awak diduruk jadi kurban, ari teu nyaah ka batur mah gaplah teu aya gunana.
Kanyaah teh sipatna langgeng, moal laas-laas. Piwejang-piwejang ngan pikeun saheulaanan, kamampuh bisa basa-basa anu ajaib bakal aya eureunna, kamampuh bisa telik ka nu gaib-gaib bakal aya ahirna.
Waktu budak keneh, sim kuring ngomong teh sakumaha budak, rarasaan sakumaha rarasaan budak, mikir sakumaha budak. Ayeuna sanggeus kolot, sipat-sipat jeung kabiasaan budak teh dipiceun.
Anu ayeuna katingal ku urang teh lir kalangkang di jero eunteung, samar-samar. Engke mah anu katingal teh anu saenyana. Anu ayeuna sim kuring terang kakara saeutik, engke bakal terang ka anu lengkepna, sakumaha Allah oge lengkep uninga-Na ka sim kuring.