Ku sabab eta ihtiarkeun supaya aranjeun boga kanyaahan. Jeung usahakeun supaya meunang kurnia Roh, pangpangna kurnia kamampuh bisa nerangkeun dawuhan-dawuhan Allah.
Anu ngomong ku basa anu ajaib, basa Roh, ngomongna lain ka manusa tapi ka Allah, da manusa mah teu aya anu ngartieun kana omonganana. Anu diucapkeunana ngan Allah anu uninga, ngucapkeunana oge lantaran kajurung ku Roh Allah.
Sukur lamun aranjeun kabeh bisa ngomong ku basa Roh. Tapi leuwih sukur lamun aranjeun mampuh nerangkeun dawuhan-dawuhan Allah. Anu boga kamampuh kieu tempatna leuwih utama ti batan anu mampuh ngomong ku basa Roh. Omongan basa Roh kakara aya mangpaʼatna ka sajamaah, lamun aya anu bisa nerangkeun hartina.
Coba upama sim kuring engke ka dieu ngomong ku basa Roh, bakal aya mangpaʼatna ka aranjeun? Sama sakali moal aya. Sejen deui upama sim kuring nerangkeun wahyu ti Allah, atawa nerangkeun hal Allah, atawa ngawejang, atawa ngajar.
Aranjeun anu kacida harayangna meunang kamampuh ti Roh Allah kudu alihtiar, supaya anu dipaparinkeun teh pangpangna anu bisa dipake pikeun ngabantu ngamajukeun jamaah.
Jadi kudu kumaha? Kieu sim kuring mah: Lamun ngadoa ku basa Roh, diteruskeun ngadoa make pikiran. Pupujian kitu keneh, roh pupujian, pikiran oge pupujian.
Lamun jelema awam milu ngadengekeun aranjeun sembahyang muji sukur ka Allah make basa Roh anu ku manehna teu kahartieun, naha manehna bakal ngucapkeun ”Amin” kana pamuji sukur aranjeun? Moal, lantaran teu ngartieun.
Dina Kitab Suci ditulis, ”Kami rek ngandika ka umat Kami, dawuhan Pangeran, make jalma-jalma anu ngaromongna ku basa-basa anu ajaib. Malah Kami rek ngandika ka umat Kami ku biwir jalma-jalma urang asing. Tapi sanajan kitu ge maranehna moal ngadenge ka Kami.”
Eta tanda kurnia kamampuh ngomong ku basa-basa Roh teh pikeun jelema-jelema anu tacan percaya, lain pikeun anu geus palercaya. Sabalikna kurnia kamampuh ngawejangkeun dawuhan Allah mah pikeun anu geus palercaya, lain pikeun anu tacan percaya.
Coba, upama aranjeun keur kumpulan, kabeh ngaromong ku basa-basa anu aneh, tuluy aya jelema sejen anu lain umat percaya asup, tangtu ceuk manehna aranjeun teh garelo!
Sabalikna lamun aranjeun keur ngawejangkeun dawuhan Allah, eta anu keur diwejangkeun teh bisa ngageuing nepi ka manehna ngarasa kana dosana. Anu kadenge ku ceulina teh
Dulur-dulur! Ngabakti ka Allah dina kumpulan teh kudu kieu: Nu saurang pupujian, nu saurang ngajar, nu saurang ngucapkeun wahyu ti Allah, nu saurang make basa Roh, nu saurang nerangkeun hartina eta omongan. Sagala-galana kudu reujeung maksud ngamajukeun jamaah.
Jelema anu ngarasa kailhaman warta ti Allah, atawa ngarasa meunang kurnia anu sipatna rohani, kudu ngaku yen ieu anu dituliskeun ku sim kuring dina ieu surat teh estu parentah ti Gusti.
Jadi, dulur-dulur, sing boga kadaek pikeun ngucapkeun warta ti Allah, bari jeung ulah ngahalang-halang batur anu rek ngucapkeun omongan ku basa-basa anu ajaib.