Ayeuna sim kuring, Paulus, anu dipajarkeun leuleuy ari di hareupeun aranjeun, ari geus jauh mah jadi keras, aya pamenta pribadi. Pamenta teh, demi Kristus anu sareh jeung mulya manah,
engke lamun urang geus pajonghok, aranjeun ulah nyieun gara-gara nepi ka sim kuring kudu keras. Sabab sim kuring moal teu keras ka anu nyangka-nyangka yen usaha sim kuring sabatur-batur teh ngarah kadunyaan.
Pakarang paranti sim kuring tarung lain pakarang nu aya di ieu dunya, tapi pakarang-pakarang ampuh kagungan Allah, anu ku sim kuring dipake ngagempur benteng-benteng, ngagempur alesan-alesan palsu,
Aranjeun biasa nilik kana rupa lahir. Kumaha di dieu aya anu ngarasa yen dirina kagungan Kristus? Pek sina mikir deui enya henteuna. Mun enya dirina kagungan Kristus, sim kuring oge kagungan Kristus saperti manehna.
Sim kuring, sanajan upama nepi ka agul leuwih ti misti oge ku kakawasaan ti Gusti, henteu era, da eta kakawasaan teh dipake ngadegkeun aranjeun, lain dipake ngarubuhkeun.
Nya teu wani ari nandingan atawa nyaruakeun maneh jeung jelema anu nganggap dirina luhur kabina-bina mah. Jelema anu ngukur maneh ku dirina sorangan, anu ngabanding-banding maneh kana darajatna sorangan, saenyana kacida bodona.
Sim kuring mah teu rek muji maneh liwat ti wates, tetep aya dina wawatesan anu kakurung ku papancen ti Allah, di antarana nya eta ayeuna baranggawe di aranjeun.
Jadi moal muji maneh ku hasil pagawean batur ti luareun papancen anu ditangtukeun ku Allah. Anu dipalar teh mugia aranjeun tambah kapercayaan, bari sim kuring henteu kaluar tina wates anu geus ditangtukeun ku Allah.
Engke oge, ari ngamashurkeun Injil Kasalametan ka tempat-tempat sejen luareun aranjeun, moal nyokot tempat anu geus digarap ku batur, da sim kuring mah teu hayang muji maneh ku beubeunangan batur.