Sim kuring teh timburuan ka aranjeun, sakumaha Allah oge timburuan ka aranjeun. Aranjeun teh ibarat hiji mojang parawan anu mulus keneh, anu ku sim kuring geus dijangjikeun baris ditikahkeun ka hiji lalaki, nya eta Kristus ku anjeun.
Sabab aranjeun mani giak narima jelema anu nyaritakeun Yesus sejen, lain Yesus anu diwanohkeun ku sim kuring, narima roh jeung ”injil” anu kacida bedana ti Roh Allah jeung Injil Kasalametan anu diwawarkeun ku sim kuring!
Salila jeung aranjeun, sanajan geus teu boga duit sim kuring tara ngurihit. Sagala pangabutuh sim kuring dicukupna ku dulur-dulur ti Makedoni. Ka aranjeun mah bareto tara nyusahkeun, engke-engke ge moal ngarepotkeun.
Ieu urusan, ayeuna ku sim kuring rek diteruskeun, supaya nu ngaraku rasul teh ulah bisaeun deui agul-agul jeung akon-akon, pajar maneh mangku gawe cara anu dijalankeun ku sim kuring.
Sakali deui, ulah disangka sim kuring jelema bodo. Tapi najan keukeuh disangka kitu ge kajeun, asal ditarima bae ku aranjeun bodo-bodo oge, ngarah bisa keneh agul saeutik mah.
Cenah maranehna abdi-abdi Kristus? Sim kuring mah komo, najan siga anu kurang waras oge jadi abdina Kristus teh leuwih bener ti batan maranehna. Leuwih banting tulang, leuwih mindeng dibui, leuwih mindeng dikaniaya, leuwih mindeng nyorang bahla pati.
Sering ari eukeur nyanyabaan meh-mehan cilaka di jalan, ku caah, ku begal, ku papada urang Yahudi, ku jelema-jelema umat brahala. Bahla pati ngukuntit bae, di kota, di gurun, di tengah laut, kitu deui bahla pati ti babaturan anu paralsu.