Sim kuring terang ka hiji jelema umat Kristus, anu opat welas taun ka tukang dadak sakala diangkat ka sawarga pangluhurna, (sim kuring teu terang, naha eta teh kajadian saenyana atawa ngan tetenjoan wungkul, ngan Allah anu uninga).
Terang deuih eta jelema teh terus diangkat ka Pirdus (ieu oge duka kajadian saenyana, duka ngan tetenjoan wungkul, ngan Allah anu uninga). Di dituna manehna meunang dedengean anu henteu bisa kaucapkeun ku omongan, dedengean anu henteu idin diucapkeun ku biwir manusa.
Tapi sanajan rek agul-agul ge, nu diomongkeun mah perkara anu bener, moal kawas omongan nu burung. Tapi moal rek muji maneh, bisi aya jelema anu nyangka yen sim kuring jelema leuwih, boh dina pangalaman boh dina caritaan anu geus katenjo jeung kadenge ku manehna.
Ngan supaya ulah nepi ka jadi kamagungan dumeh meunang tetenjoan jeung wahyu anu sakitu arahengna, sim kuring dibere hiji kanyeri dina awak, enteng tapi numbukan bae ngagoda kana awak lir utusan Iblis, supaya sim kuring ulah agul.
Tapi waler-Na, ”Kurnia Kami ka maneh geus cukup, sabab kakawasaan Kami paling matih ana maneh keur lembek.” Ku sabab kitu sim kuring mah lembek oge agul, bungah pisan, da bakal bisa ngarasa kana panangtayungan kakawasaan Gusti.
Memang sim kuring geus jadi jelema bodo, tapi aranjeun nu jadi lantaranana. Benerna aranjeun teh ngahargaan ka sim kuring. Kieu-kieu oge sim kuring henteu katitih ku eta ”rasul-rasul” aranjeun anu luar biasa teh.
Iwal ti tara dipentaan tulung perkara duit, cik dina hal naon aranjeun kurang dipentingkeun ti batan jamaah-jamaah sejen teh? Bisi karasana henteu adil, hampura bae.
Ngalayad aranjeun teh geus rek tilu kali jeung ayeuna. Lain rek aya nu dipenta, rek ka aranjeun teh sono ka jelemana, lain kana duitna. Jeung deui lain anak anu kudu maraban kolot, tapi kolot anu kudu maraban anak.
Enya sim kuring teh ngutus Titus jeung baturna saurang papada umat Kristus ka dieu. Eta kitu anu dipajarkeun narik untung teh? Lain sarua tekad jeung cara hirup Titus jeung sim kuring teh?
Palangsiang ceuk pamikir aranjeun sim kuring jeung Titus teh ti bareto nepi ka ayeuna ngan hayang meunang sorangan bae. Henteu, dulur-dulur! Sim kuring nepikeun dawuhan Kristus ka aranjeun kalawan kauninga ku Allah teh rek nulung aranjeun.
Inggis ari jol teh engke sim kuring ku Gusti Allah diparengkeun apes di hareupeun aranjeun, sieun meunang kasedih, bisi jelema-jelema anu bareto nyieun kadorakaan teh loba keneh anu tacan robah, masih rujit kalakuan, masih keneh sok rarucah jeung lalacur.