Ieu surat ti sim kuring, Paulus, anu jadi rasul lain ku karana dipanggil atawa diangkat ku manusa, tapi ku lantaran disaur ku Yesus Kristus, jeung ku Allah Rama anu ngahirupkeun deui Anjeunna tina pupus-Na.
Kristus teh bawaning ku hawatoseun ka urang anu dosa, jeung bawaning ku tumut kana pangersa Allah Rama urang, nepi ka ngurbankeun salira-Na, supaya urang bisa leupas tina ieu jaman anu jahat.
Kaget sim kuring mah ku aranjeun! Tacan ge lila geus malundur deui ti anu nyaur aranjeun ku karana asihna Kristus. Aranjeun geus bariluk kana pangajaran injil sejen.
Mugia anu ngajarkeun ”injil” anu beda ti Injil Kasalametan anu geus diwawarkeun ku sim kuring teh, saha bae, dalah sim kuring sorangan atawa malaikat ti sawarga, sing meunang hukuman ti Allah!
Bareto sim kuring kungsi nyebutkeun kitu. Ayeuna ge kitu, saha bae, anu ngajarkeun injil anu beda ti nu geus katampa ku aranjeun, mugia sing meunang hukuman!
Sim kuring nyebutkeun kitu teh naha pedah hayang meunang pangaku ti pada manusa? Teu pisan-pisan! Sim kuring mah hayang meunang pangaku ti Allah! Atawa ngarah kapake ku manusa? Atuh arek kikituan keneh mah sim kuring teh lain ge abdina Kristus.
Aranjeun tangtu geus meunang carita hal kahirupan sim kuring waktu nyekel keneh agama Yahudi, kumaha telengesna sim kuring ka jamaah Allah, enyaan hayang ngabasmi teh.
Waktu nyekel keneh agama Yahudi, di antara urang Yahudi anu sapantar mah sim kuring teh pangnyongcolangna, jeung pangkukuhna kana adat tali paranti karuhun.
sim kuring ku Mantenna diwanohkeun ka Putra-Na, supaya warta hal Putra-Na, nya eta Injil Kasalametan tea, diteruskeun ka bangsa-bangsa nu lain Yahudi. Harita sim kuring henteu tatanya ka saha-saha.
Ka anu geus jaradi rasul heulaeun sim kuring oge henteu, da sim kuring teu kungsi ka Yerusalem heula. Indit teh malah ka nagri Arab, ti dinya balik deui ka Damsik.
Kakara meunang caritana ti anu ngaromongkeun. Kieu cenah, ”Jelema anu bareto nganiaya urang teh ayeuna malah ngawawarkeun kapercayaan anu tadina ku manehna rek ditumpes!”