Ieu kitab muat pitutur Musa ka urang Israil di tanah gurun di Lebak Yordan. Eta tempat ayana di wetaneun Walungan Yordan, deukeut Sup, antara Paran ti beulah ditu, jeung Topel, Laban, Haserot, jeung Disahab beulah dieu. (
Dina taun ka opat puluh budalna urang Israil ti Mesir, tanggal hiji bulan sawelas, Musa nyaurkeun sagala timbalan PANGERAN anu ku Mantenna dipiwarang ditepikeun ka maranehna.
Disaurkeunana sanggeusna PANGERAN ngelehkeun Sihon raja urang Emor anu calik di Hesbon, jeung ngelehkeun Og raja urang Basan anu calik di Astarot jeung Edrei.
Geura bobongkar, geura parindah. Jugjug pagunungan urang Emor jeung tanah tatangga-tatanggana, Lebak Yordan, pagununganana, tanah-tanah handapna, pakidulanana, jeung basisir Laut Tengah. Datangan tanah Kanaan, Pagunungan Libanon, terus nepi ka cigede Walungan Eprat.
Kami, PANGERAN, geus ikrar yen eta tanah rek dibikeun ka karuhun maraneh, Ibrahim, Ishak, jeung Yakub, terus turun-tumurun. Geura tareang, tuluy caricingan!’ ”
Eta jalma-jalma anu palinter jeung loba pangalaman beunang maraneh milih teh ku Bapa ditarima, jaradi pangurus maraneh. Cangkinganana aya nu sarebu urang, saratus urang, lima puluh urang, sapuluh urang. Jeung di sakabeh kaom, Bapa teh ngangkat gegeden-gegeden.
Carek Bapa harita ka maranehna, ’Dengekeun masing taliti sagala perkara anu datang ti rahayat cangkingan maraneh. Uruskeun perkarana sing adil, boh perkara antara sasama bangsa, boh perkara jeung urang asing anu caricing di urang.
Nyieun putusan kudu adil, nimbang-nimbangna ulah beurat sabeulah, ulah pilih bulu. Ulah serab ku sasaha, sabab putusan maraneh teh asal ti Allah. Perkara anu ku maraneh karasana beurat, teruskeun ka Bapa, Bapa anu baris mutusna.’
”Bring urang arindit ti Gunung Sinai, tumut timbalan PANGERAN Allah urang, ngambah gurun keusik anu nya lega nya matak sieun, make jalan pagunungan urang Emor. Sanggeus nepi ka Kades Barnea,
Bapa nyarita kieu, ’Ayeuna maraneh geus nepi ka pagunungan urang Emor, anu bakal dipaparinkeun ka urang ku Gusti PANGERAN, Allah karuhun urang. Tuh itu. Pek datangan, eusian, tumut timbalan Mantenna. Ulah mangsar-mingsir, ulah sieun.’
Tapi ceuk maraneh ka Bapa, ’Kedah aya anu diutus ka ditu ti heula, pikeun nalengteng kaayaan eta nagara, sareng anu engkena kedah nungtun urang ka ditu nganggo jalan anu pangamanna.’
Rek naraon ka daritu? Sieun urang mah! Geuning ceuk anu tas ti daritu jelemana leuwih baredas leuwih jarangkung ti urang, caricingna jeroeun kuta anu luhurna nepi ka langit. Anu katarenjo ku anu tas ti daritu teh bangsa raksasa!’
jeung di gurun keusik. Ku maraneh kapan karasa petaning Mantenna nyandak maraneh sajajalan nepi ka dieu reujeung kasalametan, mani kawas bapa mangku anak.’
sangkilang geus bukti Mantenna salawasna sok angkat heulaeun maraneh milari tempat pikeun maraneh masanggrahan. Mantenna nuduhkeun jalan, angkat hareupeun maraneh, ti peuting dina tihang seuneu, ti beurang dina tihang mega.”
Ngan Kaleb bin Yepune anu piasupeun ka ditu, lantaran tetep satuhu ka Kami. Eta tanah anu ku manehna geus didongdon, ku Kami rek dibikeun ka manehna jeung turunan-turunanana.’
Sanggeus kitu PANGERAN ngandika kieu ka urang, ’Anak-anak maraneh, anu tacan nyaraho salah jeung bener dumeh barudak keneh pisan, anu ceuk maraneh bakal dicarerek ku urang ditu, malah nya maranehna anu bakal arasup ka ditu. Eta tanah teh jang maranehna, pikeun pamatuhanana.
Tapi ceuk maraneh, ’Bapa Musa, kuring tarima dosa ka PANGERAN. Ayeuna rek narajang ka ditu, rek tumut kana timbalan Gusti PANGERAN.’ Seug maraneh rurusuhan arek arindit narajang, naksir eta tempat bakal babari dirurugna.