Sato anu teu ngagayem jeung anu kukuna teu beulah, teu meunang didahar. Onta, kelinci, marmot, teu meunang didahar, enya ge ngagayem tapi cekerna henteu beulah.
Anu henteu meunang didahar nya eta: rajawali, bueuk, rupa-rupa heulang, dadali, alap-alap, kaak, gagak, manuk onta, camar, belokok jeung rupa-rupa manuk bango, julang, kapimis, koreak jeung kalong.
Sato anu paeh ku maneh teu meunang didahar, tapi meunang didahar ku urang asing anu cicing di maraneh, atawa jual ka urang asing. Omat, maraneh mah ulah ngadahar, da geus jadi milik PANGERAN Allah maraneh, umat kagungana-Na. Jeung ulah ngulub daging anak domba atawa anak embe ku cisusu indungna.”
Perpuluhan gandum, cianggur, minyak jetun, cikal sapi, cikal domba, bawa sarta dahar di tempat ngabakti ka PANGERAN beunang ngabakukeun Mantenna. Biasakeun kitu nandakeun maraneh saumur-umur ngamulyakeun ka PANGERAN Allah maraneh.
Beulikeun kana naon bae: sapi atawa embe domba, anggur atawa tuak. Pek di eta tempat, di payuneun PANGERAN Allah maraneh, maraneh dalahar jeung kulawarga, sarta senang-senang.
Eta bahan dahareun teh keur urang Lewi, da teu barogaeun tanah milik, pikeun urang asing, pikeun yatim pahatu jeung randa-randa, anu caricing di kota-kota maraneh. Maranehna meunang daratang nyarokot naon bae butuhna. Lamun hal eta ku maraneh dilampahkeun, sagala usaha maraneh tangtu baris diberkahan ku PANGERAN Allah maraneh.”