Lamun anu salah teh kudu dihukum rangket, ku hakim kudu disina nangkuban, tuluy rangket. Lobana pangrangket gumantung kana kajahatan anu dilampahkeunana.
”Upamana, aya dua jelema adi lanceuk, cicing reureujeungan di lahan sahiji. Nu saurang maot jeung teu ninggalan anak. Urut pamajikanana teu meunang kawin deui salian ti ka lalaki ti kalangan kulawarga eta keneh.
Dulurna almarhum teh wajib ngawin eta awewe, sarta ana engkena boga anak, cikalna kudu diitung anak almarhum dulurna, supaya silsilah almarhum ulah leungit ti Israil.
Upama dulur almarhum embungeun ngawin, eta awewe kudu pupulih ka rengrengan kokolot kota, ’Dulur jenatna pun lanceuk teu sayagi nedunan kawajiban, embungeun masihan turunan ka dulur. Pun lanceuk tangtos moal gaduh turunan di Israil.’
ku eta awewe kudu disampeurkeun disaksian ku para kokolot kota, pecatkeun tarumpahna, ciduhan beungeutna, bari disebut kieu: ’Sing dikieukeun jelema anu embung mere turunan ka dulurna sorangan.’
Timbangan kudu jejeg imbangna, takeran kudu jejeg takeranana, sangkan maraneh manjang hirup di tanah anu bakal dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh.
Taya pisan ngupamana ka Allah, make narajang tur ti tukangeun, sajeroning maraneh keur kalempohan beakeun tanaga. Bangsa urang anu kataringgaleun lantaran mopo, beak ditumpes.
Nu matak lamun engke geus araya di tanah anu rek dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh, lamun geus lugina ti musuh-musuh anu di sakurilingeun, kudu ngagempur bangsa Amalek, tumpes kabeh sina ulah kasebut-sebut deui. Kahade paroho!”