Dina paneda kaula nyuhunkeun, mugi perkawis urang jadi dulur sakapercayaan teh sing matak urang langkung surti ngalenyepan berkah-berkah anu katampi ku urang anu anut ka Kristus.
Nanging paliyas ari marentah mah da ka anjeun teh nyaah. Ieu mah Paulus duta Kristus anu keur dibui ku karana Anjeunna teh mung seja aya anu disuhunkeun
perkawis Onesimus, anu parantos jadi anak kaula, lantaran parantos ngiring percaya ka Kristus. Margi sajeroning keur dipanjara teh kaula parantos jadi bapana dina hal karohanian.
Nanging kaula taya seja mawa karep bisi anjeun teu satuju. Da kahayang mah anjeun midamel kasaean teh ulah ku karana dipaksa ku batur, nanging ku karana suka pribadi.
mung ayeuna mah sanes sapertos bujang deui, harkatna parantos langkung ti bujang. Tegesna parantos pantes jadi dulur kanyaah lantaran percaya ka Kristus, anu ageung tulungna ka kaula! Parantos puguh deui ari pikeun anjeun mah, engke bakal ageung tulungna teh, boh saperti bujang boh saperti dulur anu tunggal percaya ka Gusti!
Tah ieu kaula nyerat kieu atuh di dieu: Kaula Paulus, anu pimayareunana. (Teu kedah disabit hal anjeun aya hutang ka kaula mah, nya eta hirup anjeun anu anyar saparantos jadi urang Kristen.)
Sajabi ti kitu kaula hayang dipangnyadiakeun kamar di dieu, lantaran aya pangarep-ngarep yen Allah bakal ngamakbul kaula bisa ka dieu deui sakumaha paneda aranjeun.