Sing aringet ka anu geus narungtun jeung nepikeun amanat Allah ka aranjeun. Eling-eling deui kumaha jalan hirupna, kumaha jalan pupusna, pake conto iman aranjeunna.
Poma ulah kapangaruhan ku pangajaran-pangajaran sejen anu bisa nyimpangkeun ti jalan anu bener. Kuatkeun jiwa aranjeun ku sih kurnia ti Allah, ulah ku jalan nedunan aturan-aturan perkara kadaharan. Anu ngaralakonan aturan-aturan kitu geuning teu meunang mangpaʼat naon-naon.
Getih sato anu dikurbankeun ku Imam Agung dicandak ka Kamar Pangsucina, kurbankeuneun pikeun nebus dosa, ari awak satona dibeuleum di luareun pakemahan.
Ka nu jaradi pamingpin kudu narurut, jalankeun sagala aturanana. Aranjeunna teu kendat-kendat nalingakeun kasalametan jiwa aranjeun, tur sagala kawajibanana teh aya tanggung jawabna ka Allah. Tarurut, supaya ngajalankeun kawajibanana teh reujeung janglar hate, sabab ari jeung bari nguluwut mah tangtu moal bisaeun nulung ka aranjeun.
Ulah pegat-pegat ngadoakeun sim kuring. Sing percaya, tekad sim kuring teh ceuk rarasaan mah beresih. Nu dipambrih taya deui salian ti hayang salawasna bisa ngalampahkeun anu bener.
Yesus, Gusti urang, ku Allah geus digugahkeun, hirup deui. Ku lantaran geus nyorang pupus, ayeuna Anjeunna jadi lir pangangon, Pangangon Agung urang, ari urang lir domba-domba-Na. Sarta ku jalan pupusna Anjeunna geus ngukuhkeun jeung ngalanggengkeun eusi perjangjian Allah.
Mugia Allah sumber kabagjaan maparin berkah ka aranjeun, supaya aranjeun bisa ngalakonan pangersa-Na. Mugia ku karana Yesus Kristus, Allah nuyun urang supaya urang bisa ngalampahkeun anu sapuk jeung manah-Na. Agungkeun Kristus salalanggengna! Amin.