Adonisedek, raja Yerusalem, geus meunang beja, yen Ai geus beunang jeung geus ditumpurkeun ku Yosua, sarta rajana dipaehan sakumaha anu tumiba ka nagri Yeriho jeung rajana. Jeung geus meunang beja yen urang Gibon geus rarapihan sarta hirup rukun jeung urang Israil.
Ku hal eta, urang Yerusalem kacida ngarasa seberna, sabab Gibon teh sarua gedena jeung nagri anu mana bae oge di dinya anu dikapalaan ku raja, malah leuwih gede ti batan Ai, katurug-turug jelema-jelemana arahli perang.
Urang Emor ku PANGERAN disina kacida geumpeurna narenjo balad urang Israil teh. Maranehna ku urang Israil dibasmi di Gibon, anu harirup keneh diudag tarurun ti lamping gunung di Bet Horon, haben dibeberik jauh pisan nepi ka Aseka jeung Makeda di beulah kidul.
Sabot urang Emor lalumpatan turun di lamping nyingkahan balad Israil, PANGERAN nurunkeun hujan es anu baradag ninggangan maranehna sapanjang jalan ka Aseka. Anu paraeh katinggang ku eta hujan es leuwih loba batan anu diparaehan ku urang Israil.
Ari Yosua, dina poean PANGERAN ngersakeun Israil unggul ngelehkeun urang Emor teh unjukan ka PANGERAN. Kieu saurna, kasaksian ku urang Israil, ”Eh panonpoe, geura ngarandeg lebah Gibon. Eh bulan, geura ngarandeg lebah Lebak Ayalon.”
Reg panonpoe ngarandeg. Reg bulan ngarandeg. Kituna teh nepi ka urang Israil anggeus numpes musuh. Hal ieu geus kaungel dina Kitab Yasar. Panonpoe nepi ka ngarandeg di satengahing langit, sapoe jeput teu surup-surup.
Ti baheula, tepi ka jaga oge, acan jeung moal kungsi aya poe saperti harita, PANGERAN kersa ngamakbul panuhun manusa sarupa kitu. PANGERAN ngiring perang nyarengan Israil!
Tapi maraneh ulah kajongjonan di dinya, kudu terus ngudag ngagempur ti tukangeunana, ulah aya nu bisa molos ka kotana. PANGERAN Allah maraneh geus ngersakeun sangkan maraneh unggul.”
Seug eta musuh teh ku Yosua jeung balad Israil dibabad nepi ka tumpur. Ari anu kari, ngarejat ka kota neangan panyalindungan. Eta mah salamet teu milu tiwas.
Geus kitu sabalad Yosua marulang ka pakemahan di Makeda, salamet kabeh. Di sakuliah tanah eta geus teu aya anu wani ngomong-ngomong acan perkara urang Israil.
terus dibawa ka Yosua. Ti dinya Yosua manggil urang Israil kabeh, sarta marentah ka perwira-perwira anu nyarengan perang ka anjeunna supaya ka hareup, dipiwarang narincakkeun sukuna kana beuheung eta raja-raja.
Saur Yosua ka eta perwira-perwira anjeunna, ”Tong inggis-inggis atawa hemar-hemir. Tegerkeun hate sing teteg, sabab saksian ayeuna, kumaha PANGERAN ngahukumna ka sakabeh musuh aranjeun.”
Wanci panonpoe surup Yosua marentah supaya eta mayit-mayit teh diturunkeun, tuluy dibalangkeun ka jero guha urutna nyarumput. Tuluy lawang guhana dibugbrugan ku batu galede, nutupan eta lawang guha nepi ka kiwari.
Poe eta keneh Yosua ngarurug ka nagri Makeda nepi ka beunangna, rajana ditangkep. Pangeusina beak dipaehan, teu aya nu dikarikeun. Ari rajana dipaehanana disaruakeun cara raja Yeriho.
Di dieu oge urang Israil unggul, ku karana PANGERAN. Eta nagara jeung rajana beunang. Pangeusina beak dipaehan, teu aya nu dikarikeun. Ari rajana dipaehanana disaruakeun cara raja Yeriho.
Eta nagri kajabel. Rajana kitu deui jalma-jalmana kabeh dipaehan cara anu di nagri-nagri tatanggana. Nagrina ku Yosua dibasmi nepi ka tumpur, disaruakeun cara ka Eglon. Teu aya anu dikarikeun hirup.
Eta nagri beunang jeung raja-rajana katut kota-kotana. Pangeusina kabeh ditumpes. Debir katut rajana ku Yosua dijieun cara ka nagri Hebron jeung Libna jeung ka raja-rajana.
Sakuliah tanah eta geus eleh ku Yosua. Raja-raja anu di daerah pagunungan kasoran, boh anu di lamping-lamping beulah wetan, boh anu di tutugan-tutugan gunung beulah kulon, kitu deui di daerah-daerah tanah keri di beulah kidul. Taya anu dihirupan, kabeh ditumpes. Kitu ditimbalanana ku GUSTI Allah, Allahna Israil.