Kahatur dumateng dulur-dulur, anu geus baroga kayakinan anu mulya saperti kayakinan sim kuring. Eta kayakinan teh ti Allah anu sipat adil, jeung ti Yesus Kristus Jurusalamet urang. Ieu serat ti sim kuring Simon Petrus, anu ngabdi ka Yesus Kristus sarta jadi rasul-Na.
Ku kawasaning Allah ku manten, urang geus dipaparin sakur nu perlu, supaya bisa hirup kalawan saregep ibadah, tina sabab geus terang ka Yesus Kristus anu nyaur urang supaya kamulyaan jeung kasaeana-Na tumerap ka urang.
Ku jalan kieu, kurnia agung anu mulya kabina-bina anu dijangjikeun ku Mantenna, geus dipaparinkeun ka urang. Nya ku karana kurnia ieu aranjeun luput tina sagala pangaruh ieu dunya anu ngaruksak, sarta aranjeun geus katerapan ku sipat-sipat ilahi.
Ku sabab kitu kudu ihtiar enya-enya supaya beuki leuwih mantep percaya ka Kristus dibarengan ku hirup hade. Jaba ti eta aranjeun kudu baroga pangarti kana hal pangersa Allah;
Aranjeun perlu ngabogaan ieu sipat-sipat. Lamun ieu sipat-sipat geus kapiboga tur beuki hirup, tangtu aranjeun bakal leuwih rajin jeung leuwih terang ka Gusti urang Yesus Kristus, sarta tangtu hasil.
Ku sabab kitu dulur-dulur, sing beuki saregep ihtiar, supaya beuki mantep ngadeg dina kaayaan geus disaur jeung dipilih ku Allah. Lamun geus kitu mah pamohalan aranjeun undur tina kayakinan iman.
Kamulyaan Gusti urang Yesus Kristus anu dicaritakeun ku sim kuring teh lain asal tina carita-carita beunang nganggit, sabab kasaksian pisan ku sorangan kamulyaana-Na teh.
Waktu Anjeunna ku Allah Rama diterapan kamulyaan jeung kaagungan di gunung nu suci tea, sim kuring jeung batur duaan keur reureujeungan jeung Anjeunna, sarta kadenge ku ceuli sorangan gentra Anu Maha Mulya ti sawarga, ngadawuhkeun salira Anjeunna, ungelna, ”Ieu teh putra kakasih Kami, anu dipisuka ku Kami!”
Sanggeus nyaksian kitu, sim kuring beuki percaya bae kana dawuhan Allah anu diwartakeun ku nabi-nabi teh. Aranjeun oge kudu kitu, sabab eta anu diwartakeunana teh ibarat lampu anu ngagenclang di nu poek nepi ka bray beurang, ibarat cahya bentang isuk anu moncorong di jero hate aranjeun.
Jeung jelema mah moal aya anu bisa sorangan ngawartakeun dawuhan Allah perkara nu bakal pijadieun engke. Nabi-nabi oge ngawejangkeunana teh estu ku karana pangersa Roh Suci.