Kahatur Ibu sapala putra. Ieu serat ti sim kuring, kokolot jamaah, anu enya-enya nyaah ka Ibu. Sanes sim kuring bae anu nyaah teh, nu sanes-sanesna oge anu parantos tarerangeun ka Allah mah nyaraaheun ka Ibu,
Maksud bapa nyuratan teh arek ngajak ka Ibu, hayu urang silih pikanyaah. Ieu hal kudu silih pikanyaah teh sanes timbalan anyar, timbalan nu bareto keneh anu mimiti katarima ku Ibu tea.
Ibu, ayeuna seueur jelema tukang nyasabkeun, riab ka sakuliah jagat, anu ngamustahilkeun Yesus Kristus sumping ka dunya nganggo raga manusa. Jelema anu kitu teh tukang ngalejokeun, Musuh Kristus.
Margi sing saha anu ingkar tina piwulang Kristus, anu nyingkahan, eta teh ingkar ti Allah. Sabalikna, sing saha anu tigin kana eta piwulang, hirupna teh satunggal sareng anu jumeneng Rama, satunggal sareng anu jumeneng Putra.
Seueur keneh picarioseun mah, tapi asa leuwih sae ulah ku serat. Engke bae ari bapa ka dieu da parantos aya maksud, ambeh cacap karasa bungahna ku sarerea.