Ti dinya kaula nenjo hiji deui malaikat anu gagah lungsur ti sawarga, salirana diharudum ku halimun, mastakana dikukudung kuwung-kuwung, rarayna lir panonpoe, sampeanana kawas tihang seuneu,
Barang gulugur, geuwat ku kaula rek dituliskeun. Tapi kaburu aya gentra ti sawarga, dawuhanana, ”Anu diucapkeun ku eta tujuh guludug ulah dicatet, kudu dirasiahkeun!”
tuluy sumpah nyambat jenengan Allah anu jumeneng salalanggengna, anu ngajadikeun langit, bumi, jeung laut, katut sagala eusina. Saurna, ”Geus teu bisa dilila-lila deui!
Tapi lamun malaikat anu katujuh geus niup tarompetna, Allah bakal ngalaksanakeun pangrancang-Na anu rasiah keneh, sakumaha anu geus diandikakeun ka nabi-nabi, abdi-abdi Mantenna!”
Gentra anu tadi kadenge ti sawarga teh ngagentra deui ka kaula, ”Cokot itu gulungan kitab anu muka teh, anu keur dicekel ku malaikat anu napak ka laut jeung ka darat!”
Kaula indit, nyuhunkeun eta kitab leutik ka eta malaikat. Ari saurna, ”Heh tampanan terus hakan, dina sungut rasana amis asa madu, geus dina beuteung rasana haseum.”