KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Kaula ku anjeunna diserenan kayu sateukteuk siga iteuk ukuran, sarta diparentah, ”Ukur Bait Allah jeung altar. Itung jelema anu keur ngabarakti di dinya. |
| 2 |
| Buruan luarna ulah diukur, sabab geus dibikeun ka jalma-jalma lain umat Allah, anu bakal ngaleyek Kota Suci lilana opat puluh dua bulan. |
| 3 |
| Kami rek ngutus saksi kami duaan. Di jero 1.260 poe tea maranehna bakal ngembarkeun amanat Allah bari marake pakean kasungkawaan.” |
| 4 |
| Eta dua saksi teh nya eta dua tangkal jetun jeung dua lampu anu aya di payuneun Gustina sakuliah bumi. |
| 5 |
| Musuh anu ngaganggu ka maranehna pasti binasa ku seuneu anu kaluar tina sungut eta dua saksi. Jadi sing saha anu wani-wani nyusahkeun ka maranehna tangtu paeh. |
| 6 |
| Maranehna barisaeun ngabendung langit nahan hujan satungtung keur ngajalankeun tugasna. Kawasa kana sumber-sumber cai, bisa ngarobah cai jadi getih, barisaeun ngadatangkeun rupa-rupa musibat ka bumi najan sakumaha seringna oge. |
| 7 |
| Lamun tugasna ngembarkeun amanat geus anggeus, bakal tarung jeung hiji sato ti guha kandungan bumi, tapi eleh nepi ka tiwas duanana. |
| 8 |
| Mayitna ngalalumbuk di jalan raya di hiji nagara urut Gustina disalib. Eta nagara ngaran kiasanana Sadumu, atawa Mesir. |
| 9 |
| Mayitna henteu dibikeun dikubur, dilalajoanan ku jalma-jalma ti unggal bangsa, ti unggal kaom, ti unggal basa, jeung ti unggal seler bangsa, lilana nepi ka tilu satengah poe. |
| 10 |
| Jalma-jalma sukan-sukan, silih kiriman hadiah, aratoheun ku tiwasna eta dua nabi anu geus ngabahlakeun ka umat manusa. |
| 11 |
| Tapi sanggeus meunang tilu satengah poe ku Allah diasupan deui ambekan, harudang harirup deui, nepi ka jelema-jelema anu narenjoeunana kacida sarieuneunana. |
| 12 |
| Eta dua nabi ngadenge soara ti sawarga, ungelna, ”Hiap unggah!” Tuluy arasup kana mega, unggah ka sawarga, dipalencrong ku musuh-musuhna. |
| 13 |
| Harita keneh bumi digedag ku lini kacida rongkahna, nepi ka saperpuluh eta kota lebur, jalma-jalma tariwas, aya tujuh rebu urang nu paeh. Anu harirup keneh beak karep sarieuneunana, seug bae ngaraku kana kaagungan Allah nu di sawarga. |
| 14 |
| Balahi kadua geus liwat, nu katilu tereh nyusul! |
| 15 |
| Malaikat katujuh niup tarompetna. Sawarga ngageder ku soara anu ungelna, ”Kakawasaan geusan murba alam dunya geus dicangking ku Pangeran jeung ku Kristus-Na. Mantenna bakal kawasa salalanggengna!” |
| 16 |
| Sesepuh anu dua puluh opat urang anu caralik dina tahta di hadirat Allah tea bruk nyaruuh, ngahormat ka Allah, |
| 17 |
| tuluy ngarucap kieu, ”Sewu nuhun nun Pangeran, Allah Nu Maha Kawasa, nu jumeneng ayeuna, nu jumeneng ti jaman baheula! Gusti parantos kersa nyangking kawasa rongkah, ngawitan kersa marentah. |
| 18 |
| Umat brahala amarah, margi wawales ti Gusti parantos nitih kana wanci: Nerapkeun hukuman ka nu parantos paraeh, ngaganjar ka para abdi, ka nabi-nabi, sareng ka sugri anu ngabakti ka Gusti, ageung alit sami. Ayeuna mangsana ngabasmi maranehna, anu ngaruksak sakuliah bumi.” |
| 19 |
| Bray Bait Allah di sawarga muka, breh Peti Perjangjian Allah anu disimpen di dinya katembong. Karelep kilat tingburinyay, guludug tinggulugur, dibarengan ku lini jeung hujan es kacida rongkahna. |
|
| Simpen Catetan |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/revelation/011.mp3
22
11