Jelema-jelema anu 144.000 teh nyalanghareup kana tahta, ka mahluk nu opat, jeung ka para sesepuh, nganyanyikeun hiji lagu anyar anu ngan maranehna bae anu bisa. Ti sakumna manusa, ngan maranehna anu geus disalametkeun teh,
anu keur di dunyana ngajaga kamurnian diri tara ka awewe, suci ibarat parawan. Ka mana-mana maranehna ngingiring bae ka Anak Domba. Ti sakumna manusa, maranehna mah geus disalametkeun, diheulakeun disembahkeunana ka Allah jeung ka eta Anak Domba.
Tuluy kaula ningal hiji malaikat hiber luhur di angkasa, mawa warta hal Injil Kasalametan nu langgeng, embarkeuneun ka nu di bumi, ka unggal bangsa, suku bangsa, basa, jeung nagara.
Eta malaikat cumeluk, ”Sing gimir ku Allah! Puji kaagungana-Na! Geus cunduk waktuna Mantenna nerapkeun hukuman ka manusa. Geura sembah Mantenna, anu ngajadikeun langit, bumi, laut, jeung sumber-sumber cai!”
Malaikat nu kahiji disusul ku nu kadua, anu cumeluk, ”Geus rugrug! Babul nu gede teh geus rugrug! Babul geus ngamabokan sakumna manusa ku anggurna, anggur napsu-napsu kotorna!”
bakal diinuman ku anggur ti Allah, anggur bebendu-Na anu ku Mantenna geus dieurihkeun sataker tanaga kana lumur bebendu-Na! Bakal disiksa ku seuneu jeung walirang, disaksian ku malaikat-malaikat suci jeung ku Anak Domba.
Haseup seuneu panyiksana ngebul mumbul salalanggengna. Nu nyarembah ka si sato jeung ka arcana, anu tarang jeung leungeunna marake tanda ngaran eta sato, tangtu disiksa beurang peuting teu eureun-eureun.”
Geus kitu kaula ngadenge aya nu nyoara di sawarga, ungelna, ”Tulis kieu: Bagja jelema-jelema, anu ti semet waktu ieu paehna keur ngawula ka Gusti!” Diwaler ku Roh Allah, ”Saestuna! Maranehna bakal eureun tina gawe beurat, sabab hasil panglayananana salilana bakal ngareujeungan ka maranehna.”
Aya hiji malaikat deui kaluar ti Bait Allah, nyoara tarik ka nu keur calik dina mega, ”Babadkeun arit Gusti kana pibuateun, bumi parantos asak, meujeuhna dipibuatan!”
Aya deui malaikat purah ngajaga seuneu kaluar tina altar, nyoara tarik pisan ka malaikat nu nyekel arit seukeut tea pokna, ”Geura pake arit andika, pake ngeureutan ranggeuyan anggur tina tangkalna di bumi, sabab geus arasak!”
Anggur teh diperesna di luar kota. Anu kaluar tina bak pameresan teh getih, mani ngocor kawas walungan, panjangna tilu ratus kilometer, jerona meh dua meter.