Ti lebah mahluk hirup anu opat tea bijil soara, pokna, ”Gandum saliter keur upah sapoe, hanjeli tilu liter keur upah sapoe. Tapi tangkal jetun jeung kebon anggur ulah diruksak!”
Kaula nenjo hiji kuda warna pias. Anu tumpakna dingaranan Paeh, dibarengan ku Alam Paeh anu nuturkeun deukeut pisan ti tukangeunana; duanana diserenan kawasa pikeun maehan manusa saparapat dunya ku perang, ku kalaparan, ku pagebug jeung ku sato-sato galak.
Anak Domba muka segel nu kalima. Breh di handapeun altar katenjo aya nyawa para sahid, anu diparaehan lantaran nguarkeun sabda Allah jeung saratia nerangkeun hal kayaktianana.
Nyawa para sahid teh nyoara tarik pisan, pokna, ”Nun Gusti Nu Maha Kawasa, anu suci sareng sipat saestu! Iraha Gusti bade mariksa sareng ngahukum jalmi-jalmi nu di bumi, nu parantos maehan ka abdi-abdi?”
Seug maranehna masing-masing dileler jubah warna bodas jeung ditimbalan reureuh heula sakeudeung, ngadago sasamana ngabdi anu oge bakal diparaehan kawas maranehna, supaya jangkep kabeh.
Anak Domba muka segel anu kagenep. Tuluy aya lini kacida rongkahna, reup panonpoe pareum, ngabelegbeg kawas cita hideung kasar, bulan robah jadi beureum kawas getih,
Nu aya di bumi, raja-raja, kapala-kapala, panglima-panglima perang, nu baleunghar jeung jugala jeung salianna, nu karumawula, nu lalugina, marubus ka guha-guha jeung ka handapeun-handapeun cadas di gunung-gunung.
Maranehna ngaromong ka eta gunung-gunung jeung cadas-cadas bari tingjarerit, ”Kuring urugan! Bunikeun ti soca anu linggih dina tahta! Sumputkeun ti Anak Domba anu keur amarah!