Aya hiji malaikat deui datang mawa parukuyan emas tuluy nangtung deukeut altar. Seug diasongan dupa loba pisan, kukuskeuneun dina altar emas hareupeun tahta, dicampurkeun jeung paneda-paneda umat Allah.
Geus kitu parukuyanana ku eta malaikat dicokot, dieusian ruhak tina altar, tuluy diawurkeun ka bumi. Guludug disada ngagulugur, kilat tingjorelat, sarta aya lini di bumi.
Malaikat kahiji niup tarompetna. Ti dinya bumi katinggang ku hujan es jeung seuneu campur getih. Sapertilu bumi, sapertilu tatangkalan, dangdaunan jeung jujukutan anu harejo musna kahuru.
Malaikat katilu niup tarompetna. Seug aya hiji bentang kacida gedena ragrag ti langit, hurung kawas obor, ninggang ka sapertilu walungan jeung sumber-sumber cai salian ti eta. (
Geus kitu kaula nenjo hiji manuk rajawali hiber luhur di awang-awang, sarta kadenge disada tarik jeung aya unina: ”Balahi! Balahi! Balahi pangeusi bumi lamun tarompet anu tilu deui geus ditiup ku malaikat!”