Eta abrulan simeut geus ditimbalan teu meunang ngaruksak jujukutan atawa tatangkalan atawa pepelakan. Ngamukna kudu ka jelema bae, sakur anu tarangna teu make cap Allah,
Aya rajana anu ngatur, ngaranna dina basa Ibrani Abadon, dina basa Yunani Apolion (hartina ”Tukang Ngaruksak”), nya eta malaikat anu ngajaga liang guha tea.
Seug eta opat malaikat teh dileupaskeun. Eta opat malaikat geus dicalonkeun pikeun maehan sapertilu umat manusa. Jamna, poena, bulanna jeung taunna geus ditangtukeun.
Dina ieu tetenjoan kaula nenjo eta pasukan tarumpak kuda, dibaraju kere warnana beureum ngagebur, biru langit kawas warna batu nilem, jeung koneng walirang. Ari kudana huluna siga hulu singa, bangusna nyebrotkeun seuneu, haseup, jeung walirang.
Manusa sakarina anu henteu dipaehan ku eta balahi, jarahatna angger bae, angger nyarembah ka roh-roh jahat jeung ka arca-arca tina emas, tina perak, tina tambaga, tina batu jeung tina kayu, barang anu henteu nenjo, henteu ngadenge, henteu leumpang.