Malaikat PANGERAN sumping ti Gilgal ka Bokim; ngandika ka urang Israil, ”Maraneh ku Kami dikaluarkeun ti Mesir, dibawa ka tanah anu ku Kami dijangjikeun ka karuhun maraneh. Kami geus ikrar, ʼKami moal udar jangji ka maraneh.
Maraneh ulah nyieun perjangjian jeung pangeusi tanah ieu. Altar-altar urang dieu kudu diancur-ancurkeun.ʼ Tapi eta timbalan Kami ku maraneh henteu dilakonan. Malah anggur ngajalankeun anu sabalikna!
Ku sabab kitu, ayeuna Kami moal deui ngusir pangeusi ieu tanah di mana maraneh maju perang. Maranehanana bakal jadi musuh. Maraneh bakal kajiret lantaran ngabakti ka sesembahanana.”
Sapanjang Yosua jumeneng, urang Israil taʼat ngabdi ka PANGERAN. Sanggeus dikantun pupus ku anjeunna oge, jeung sapanjang para pamingpin anu geus nyaraksian sagala dadamelan agung PANGERAN keur kabagjaan Israil harirup keneh mah urang Israil teh tetep aribadah.
Eureun nyembahna ka PANGERAN Allah karuhunna, Allah anu ngaluarkeun maranehanana ti Mesir, tuluy nyembah ka rupa-rupa aallahan nu disembah ku jelema-jelema nu aya di sakurilingeunana. Ku sabab sarujud ka nu karitu, PANGERAN jadi bendu ka maranehna.
PANGERAN sakalangkung benduna ka Israil, seug urang Israil teh disina didatangan ku gorombolan anu rarampog, dirempug ku musuh ti sakurilingna. Urang Israil geus teter.
Tapi urang Israil arapi lain bae ka eta pamingpin-pamingpin teh. Urang Israil geus malungkir ti PANGERAN, nyarembah ka aallahan batur. Beda ti karuhun-karuhunna anu taʼat kana timbalan-timbalan PANGERAN, Israil nu ayeuna mah gancang pisan culna ka PANGERAN teh.
Satiap PANGERAN maparin pamingpin, eta pamingpin teh ku Mantenna dibantu ngaleupaskeun Israil. Sapanjang eta pamingpin hirup keneh mah urang Israil bisa leupas ti musuh-musuhna. Eta teh bawaning PANGERAN welaseun ngadangu maranehna sasambat teu kuat nandangan sangsara.
Tapi ana pamingpin tea maot, prak deui bae maranehanana malikan kalakuan nu enggeus-enggeus, malah gorengna alah batan ti turunan nu ti heula, nyararembah jeung ngabarakti ka allah-allah anu lian, teu kapok-kapok tina kagorengan.
PANGERAN jadi sakalangkung jengkelna ka Israil, lajeng ngadawuh, ”Ieu bangsa enggeus ngaruksak perjangjian anu ku Kami diparentahkeun ka karuhun-karuhunna sangkan dicekel pageuh. Ku sabab maranehanana geus teu nurut,
Ku lantaran kitu, eta bangsa-bangsa teh ku Mantenna diantep di tanah eta. Jaman Yosua jumeneng keneh oge eta bangsa-bangsa teh ku PANGERAN teu diwidian dielehkeun. Kitu keneh sanggeus Yosua pupus, eta bangsa-bangsa ku Mantenna teu diusir.