Heuleut sabulan ti harita, kota Yabes di wewengkon Gilad diperangan, geus dikepung ku Raja Nahas sabaladna ti nagara Amon. Urang Yabes seja taluk tuluy haturan ka Nahas, pokna, ”Kaula sumeja taluk, mung nyuhunkeun jangji.”
Tembal pamingpin urang Yabes, ”Menta tempo tujuh poe rek ngutusan heula ka sakuliah tanah Israil. Lamun geus teu aya anu sanggup ngabantuan, kaula sumeja pasrah.”
Harita Saul kakara sumping ti tegal ngagiringkeun sapi. Pok mariksakeun, ”Aya naon jelema-jelema tingjarerit?” Tuluy diunjukkeun beja anu katarima ti urang Yabes.
Kek kana sapi dua, sapi teh dipeuncit tuluy dipotong-potong. Potongan-potonganana dipiwarang diider-ider ka sakuliah tanah Israil, sarta timbalanana, ”Sing saha anu henteu indit perang ngiring ka Saul jeung Samuel, sapina rek dikieukeun!” Bring urang Israil arindit, geus samiuk lir jalma saurang, sabab sieuneun dibenduan ku PANGERAN.
Utusan ti Yabes ditalatahan kieu, ”Bejakeun ka dulur-dulur di ditu, isukan ge samemeh burit geus bebas.” Meunang beja kitu urang Yabes teu kira-kira barungaheunana.
Poe isukna balad teh ku Saul dibagi tilu. Wanci balebat tuluy muru pasanggrahan musuh. Der balad Amon ditarajang, sarta memeh tengah poe geus gempar patulayah, anu harirup keneh paburisat, masing-masing nyalametkeun dirina sorangan-sorangan.
Brul kabeh ka Gilgal. Di dinya di tempat suci Saul diumumkeun jadi raja. Tuluy jalma-jalma nyaranggakeun kurban karapihan. Eta kajadian ku Saul jeung ku sarerea dipestakeun.